Li
Shufu jeung Industri Mobil Cina
Ahirna
Geely jadi meuli Volvo. Adu regeng ti taun 2008 keneh, nepi ka kungsi
ditawarkeun ka Renault Prancis, pabrik mobil nu jadi salah sahiji ikon Swedia
teh jadi dibeuli. Bari hargana kaitung murah -- teu leuwih ti US$ 1,8 miliar.
Bandingkeun jeung harga nu ditanggung Ford waktu meuli eta pabrik mobil, ti AB
Volvo, 1999, nu nepi ka US$ 6,45 miliar.
Bandingkeun oge jeung taksiran harga nu diaritung ku para analis. Ceuk
maranehna, Volvo paling heunteu dijual Ford saharga US$ 2 miliar nepi ka US$
2,3 mliar.
Tetela,
sakumaha disebutkeun ku kolega-kolega bisnisna, Li Shufu teh jalma nu ulet,
pinter dina adu regeng jeung nawar barang. Nepi ka Ford, nu jadi pionir
industri mobil di ieu planet, eleh deet: Ngaleupaskeun Volvo ku harga nu murah.
Lian ti eta, maranehna teu boga pilihan lian: Amerika masih ongkek, sanajan
stimulus nu dikucurkeun ku Obama, oge Bush saencanna, can bisa nyageurkeun
paekonomian eta nagara kalayan teger. Laporan nu dikaluarkeun Auto Global
nyebutkeun, salila taun kamari, pasar Amerika ngan bisa nyerep 10,43 juta unit
mobil. Sabaraha nu bisa dijual Ford di eta nagara, hanjakal laporan eta teu
mere angkana. Nu pasti, nurutkeun laporan China Association
of Automobile Manufacturers (CAAM), taun kamari urang Tiongkok meuli mobil teu
kurang ti 13,64 juta unit. Hartina, supremasi pasar mobil nu salila ieu
dikeukeukeuweuk ku Amerika pindah ka Cina.
Sanajan loba ahli nyebutkeun, jumlah mobil nu
diserep ku pasar Cina tadi pacampur jeung sawatara tutumpakan niaga, sarupaning
beus jeung treuk, tangtuna teu bisa ngingkahan fakta yen paekonomian Cina
memang keur nanjeur. Kaasup industri
mobilna. Ongkoh sakumaha diuarkeun wawakil BMW di Cina, salila taun kamari
maranehna bisa ngajual mobil mewah eta nepi ka 90.536 sedan. Naek 38%
dibandingkeun taun saencanna. Malah Mercedes-Benz ngaku bisa ngajual nepi ka
98.869 unit. Naek 77% dibandingkeun hasil pangjualan taun 2008. Pondokna,
nerekelna jumlah mobil nu dibeuli ku urang Tiongkok lain bae kontribusi
tutumpukan niaga atawa sedan-sedan murah meriah, sarupaning Chery-QQ.
Sedan-sedan mewah geu teu weudeu ngilu laris. Sanajan enya, beubeulian keur
mobil-mobil niaga atawa sedan murah ge ngilu nerekel – ongkoh dideudeul pisan
ku pamarentah Tiongkok, di antarana ku program kredit sarupa KIK-KMKP di urang
pikeun kumna patani nu rek ngarumajakeun alat angkutna.
Demi Geely Autumotive, pausahaan nu diadegkeun Li
Shufu, satemenna lain pabrik mobil
pangonjoyna di Cina. Nurutkeun survei nu dilakukeun ku Lansion, pausahaan
riset nu basisna di Beijing,
produk-produkna ukur aya di nomer 14 di
antara 35 merek mobil buatan Cina. Malah salaku pabrik mobil ge, tina saratus
leuwih pausahaan otomotif nu aya di eta nagara, maranehna ukur aya dina posisi
ka 10. Masih eleh ku BYD
(Build Your Dream, ngaran pausahaan nu kaitung “Cina pisan”), nu
produk-produkna lain bae dipasarkeun di Cina jeung Afrika. Tapi meuntas nepi ka
Israel.
Tapi, ku
naon Ford bet milih Geely? Lain BYD atawa Shanghai Automotive Industri Corp
(SAIC), nu ngarupakeun BUMN jeung geus kabuktian bisa join jeung VW nyieun
Shanghai Volkswagen Automotive? Atawa Renault pisan, nu papada miboga citra
jeung pangalaman nu sarua establish? Deui-deui faktor Li Shufu nu ulet tadi.
“Di antara nu aya, nya Geely nu panguletna dina nawar jeung negosiasi,” ceuk
Financial Times. “Calon-calon lianna katingalina embung diriweuhkeun ku
soal-soal buruh jeung resesi,” masih ceuk eta koran.
Sakumaha
remen tumiba ka jalma jegud lianna, karuhan ka urang Cina mah, Li lain anak
jalma beunghar. Bapana kadar pangusaha menengah (malah aya nu nyebutkeun
pangusaha leutik) di kampungna, Taizhou, Zhejiang. Tapi, sakumaha ilaharna
urang Zhejiang, nu jadi sarakan sawatara jalma pangjegudna di Cina, Li miboga
karep jeung tarekah nu gede. Bari sakola di Harbin Polytechnic University,
manehna meuli kodak heubeul saharga US$ 15.
Mekel eta kamera, jeung sapedah butut, Li itikurih jadi tukang potret
keliling. Sawatara tempat wisata di sabudeureun lemburna jadi tempat hunting
manehna.
Genep
bulan ti harita, pamuda nu resep pupuisian dina wangun kaligrafi Cina ieu teh
geus bisa muka studio foto di imahna. Kituna teh, watek itikurihna teu jadi
melempem: Dedek perak, sesa panamperan developer film jeung kertas foto,
ku manehna dikumpulkeun. Geus rada loba dijual.
Ngajualan
bubuk perak teh lain bae nambah panghasilan manehna. Tapi, oge ngahudangkeun
sumanget ikutih lianna: Jadi suplier onderdil AC (1986). Sigana, nu sok
meulian bubuk perak manehna teh pabrik onderdil AC. Nya, ti ieu pabrik manehna
nyokotan barang, nu terus dijual deui ku manehna. Kurang tilu taun ngajualan
onderdil, Li geus jleg ngadegkeun pabrik kulkas jeung AC.
Tayohna,
komunikasi pamarentah Cina jeung rahayatna kawilang efektif. Buktina, mangsa
Beijing ngocal-ngocal perkara industri otomotif, Li langsung kataji ku ieu
program. Mekel pangalamanna nyieun pabrik kulkas jeung AC, manehna ngajukeun
kiridit keur nyieun onderdil motor. “Ku ceuyahna produksi motor, tangtuna
onderdil motor bakal dipikabutuh pisan,” ceuk manehna, siga nu wanoh pisan kana
produk buatan bangsana.
Karek ge
meunang dua taun naratas pabrik onderdil, manehna geus boga pikiran lain:
Ngadegkeun pabrik motor (1994). Salila dua taun, teu kurang ti 200 rebu unit
motor (kaasup jenis skuter) diproduksi pabrik manehna. Opat taun ti harita,
1998, Li geus ngised deui. Kiwari nu dilakukeun ku manehna ngadegkeun pabrik
mobil.
Sakumaha
pabrik motorna, oge prak-prakan sodagar otomotif di Cina, Li teu kagok meulian
teknologi nu geus nyampak. Boh ti Daihatsu (Jepang), oge ti Daewoo (Korea).
Dina perkara desain, manehna lir apal kana implengan masarakatna nu keur
ngajenggelek jadi OKB: desain nu nembrakkeun kamewahan – bari harga keukeuh
murah. Oktober 2008, dina hiji wawancara jeung Financial Times, Li, nu oge
miboga usaha properti di Pulo Hainan, kalereun Hong Kong, teu regrog
nembongkeun gambar-gambar nu nembrakeun 42 model mobil nu ku manehna rek
dijieun. “Kaasup model nu sarua persis jeung baby Rolls-Royce!,” ceuk
eta koran.
Tangtu
bae, loba nu sinis atawa ngece kana paripolah Li – jeung kumna industriawan
mobil Cina eta. Tapi, nya ku cara niron kitu, di antarana, Li jeung
kolega-kolegana bisa ngilu ngigelan ekonomi Cina nu keur nanjeur. Kituna teh
dibarungan ku sikep PD. Taun 2005, misalna, manehna teu kireum-kireum mamerkeun
lima model mobil nu dijieun ku pabrikna di salah sahiji pameran mobil nu geus
moyan, Frankfurt Motor Show: Ti mimiti Haoqing nu model hatchback,
Beauty Leopard keur model copue, jeung Free Cruiser keur model sedan.
Sanajan
neplak jeung meuli teknologi nu geus aya, Li oge daek kaluar duit keur
kapentingan riset. Hasilna, taun kamari, lalaki nu ditempatkeun Forbes dina
urutan ka 558 jalma pangjegudna sadunya ieu geus wani nyebutkeun, yen Geely
hiji-hijina pabrik mobil nu geus bisa ngembangkeun mesin sorangan. Aya dalapan
varian mesin nu dikembangkeun ku manehna. Ti mimiti kelas 1.000 cc nepi ka
1.800 cc – sakelas jeung Inova atawa K-7.
Ku
dibeulina Volvo, bari ti Ford pisan, tangtu bae nambah luhur ajen Li Shufu.
Sabab, beubeulian ieu lain bae harga pangmahalna nu kungsi dilakukan ku
industri mobil Cina keur meuli pausahaan asing salila ieu. Tapi, oge akuisisi
pangcikalna. Sanajan SAIC jeung First Automotive Works geus ti heula join jeung
VW, sakumaha disebut: Ieu dua pausahaan BUMN teh kadar joint venture.
Lain akuisi model nu dilakukeun Li ka Volvo.
Leuwih ti
kitu, citra Volvo salaku mobil Eropa tangtuna jadi panambah keur ieu prestasi.
Teu aneh mun loba pihak nyebutkeun, beubeulian ieu lain bae ngadongkrak ngaran
Li jeung Geely-na. Tapi, oge ngadongkrak gengsi industri ototmotif Cina
sakabehna. Cina meuli Volvo? Bari ti Ford pisan?
Miboga
genep pabrik di Cina, Li ngaku moal mindahkeun pabrik Volvo ti Swedia jeung
Belgia ka nagrina. “Cina mah cukup keur jadi pasar bae,” ceuk manehna. Tangtu
bae loba analis nu teu percaya kana omongan lalaki nu umurna kakarek 47 taun
ieu.
Gang
Tengah, minggu ka hiji April 2010
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441