Kang Mamat jajakakapaksa (ti baheula, teu sadar-sadar geus teu jajaka teh
hehehe),

Punten si kuring mimitina mah rada dikaweurkeun ku istilah "ngabentuk dua
tabung", pedah ari gambaran tabung mah rada jangkung, nepi ka sakedapan rada
kerung. Bener ceuk Mj, sigana anu dimaksud ku kang Mamat teh eta anu disebut
"tetenong" tea.

Kungsi kaalaman keur budak mangsa resep kana tetenong atawa ngadadak gumbira
lamun nguping atawa ningal lapat-lapat aya anu nyuhun tetenong. Ieu wadah
katuangan teh sigana kungsi ngaraja di pilemburan Tatar Sunda jero sabaraha
dasawarsa. Teuing ti iraha ieu alat dapur anu populer pisan di padesaan
harita, khususna di Priangan Timur, mimiti diciptakeun. Ngan anu kasaksian
ku sorangan - minimal di lembur sorangan - mimiti pareumna teh kl awal taun
80-an nepi ka lesna pisan danget ayeuna (sigana).

Keur umuran SD, akhir taun 60-an awal 70-an, resep pisan nganjang ka imah
pun nini. Utamana, lamun geus sup ka dapur bumi anjeunna da disauran ku anu
jadi nini, laju kareret pun nini teh muka tetenong. Teu lila golosor ka
hareupeun aya pais lele diwadahan ku piring lodor motif kembang eros beureum
sagagang di beulah sisina, jeung sanguna sangu beureum sapiring. "Geura
dahar heula, jang, ieu nini boga pais lele meunang ua anjeun nguseup ti
balong, sanguna sangu beureum deuih ti sawah Kajongan", saur pun nini
("Kajongan": ngaran salah sahiji kampung di desa kuring baheula).

Lah waas, pais lele balong, lele alami tea lain lele dumbo, sanajan leutik,
tapi pedona moal kaelehkeun ku lele dumbo (anu bisa nandingan pais lele
alami keur kuring taya lian ti beuleum lauk Tawes). Eta salah sahiji jasa
tetenong: paragi nyimpen pais lele jeung sanguna sangu beureum, keur incu.
Atawa - sacara umum - keur nyimpen sangu jeung rencangna.

Katuangan disimpen dina tetenong tayohna ameh teu digembrong laleur atawa
supaya teu kakeunaan ku kokotor sejenna. Jadi, dina pigunaan tetenong ieu
aya unsur higienis, penghormatan oge kejutan. Higienis jeung ngahormat ka
anu diancokeun katuangan tina tetenong, sahenteuna, katuangan teh teu
digolar-goler teuing ari disimpen dina tetenong mah. Anapon kejutan, eta
kusabab urang teu apal naon katuangan anu rek dihidangkeun samemeh
tetenongna dibuka.

Jasa tetenong anu sejenna, sagigireun tempat nyimpen sangu jeung rencangna
di dapur teh, taya lian ti tempat keur NGANTEURAN. Istilah "nganteuran"
baheula di lembur kondang pisan keur pagawean ngirim sangu jeung rencangna.
Rupa-rupa alesan atawa tujuan hiji jalmi atawa kulawargi dianteuran
katuangan. Bisa ukur kaasup catetan anu pantes dikirim ti hiji kulawarga anu
keur ngayakeun hajatan atawa kariaan (sunatan atawa kawinan). Bisa oge jalmi
anu geus nyieun jasa, upamana, lebe anu tos ngawinkeun.

Baheula mah kalolobaanana anu ngawinkeun, di kampung, tempatna teh di bumi
panganten isteri wae. Geus jadi kabiasaan, anu gaduh hajat teh, khusus ka
lebe atawa ka kuwu jeung ka pajabat desa sejanna, osok ngirim katuangan, nya
nganteuran tea. Tah, alat pikeun nganteuran atawa wadah keur nyandak ieu
katuangan keur lebe, kuwu jeung sajabana teh nya dina tetenong tea ku cara
disuhun ku isteri.

Nganteuran oge bisa ditujukeun pikeun anu tos ngalahirkeun. Umumna hiji
isteri anu rada kapandang di masyarakat anu sok dianteuran saba'da
ngalahirkeun teh. Anapon anu  nganteuranana nya anu ngarasa kahutangan jasa
ka kulawarga anu ngalahirkeun. Nganteuran di dieu oge biasa make alat
tetenong tea ku cara: disuhun.

Nganteuran sejenna nyaeta nalika nyuguhan anu keur digawe. Umumna anu keur
digarawe ngolah sawah atawa kebon atawa ngabedahkeun  balong. Biasana,
waktuna nyuguhan teh wanci pecat sawed tea (sawed: alat ngawuluku, pasna mah
paragi ngangkalungan beuheung munding anu dipake ngawuluku supaya anu
ngawulukuna bisa ngadalikeun eta munding dina narik wuluku sakumaha anu
dipikahayang. Dina wanci pecat sawed, kl antara tabuh 10-11, eta sawed teh
diudar atawa diuculkeun tina beuheung munding, laju mundingna sina reureuh
di nu iuh - di sawah pun bapa mah di Sindang, geus maneuh, handapeun tangkal
Bembem reureuhna ieu munding teh - bari ngeueum). Di dieu oge sami, mawa
tetenong keur nganteuran teh ku cara disuhun.

Tina pedaran di luhur, tiasa dicandak sababaraha kacindekan (hehehe, Mj,
duka ieu naha tiasa kaasup segi estetika atawa etika atawa ..."tika"
sanesna, tina tetenong? hehehe). Kahiji, tetenong teh alat rumah tangga
masyarakat Sunda, khususna di dapur, bil khusus deui isteri anu biasa
ngagunakeunana. Anu kaduana, salah sahiji kapraktisan tetenong salaku alat
sapopoe hirup kumbuh masyarakat padesaan harita nya dina nyandakna tea tiasa
ku cara disuhun (kukituna anu nyandakna teu ngarasa beurat sok sanajan eta
elat sapanjang jalan ka bumi tujuan disimpen dina luhur sirah alias disuhun
tea, sabab eusina ukur sababaraha piring dieusi sangu jeung rencangna; oge
teu ngarasa kapanasan sok sanajan sapanjang jalan bari nyuhun tetenong teh
panon poe nojo manasan).

Anu katiluna, nya aya unsur laku higienis jeung penghormatan dina nyimpen
katuangan jero tetenong atawa nyuguhkeun katuangan tina tetenong teh.
Kaopatna, aya unsur kejutan tea (kaalaman pisan sorangan kungsi degdegan,
katuangan naon nya anu rek dikaluarkeun ku pun nini tina tetenong? malah
lain di bumi pun nini wae degdegan teh, dalah di rorompok oge mindeng pisan
jalaran pun biang oge harita masih nganggo tetenong). Kalimana, nya teu aya
deui lian ti pakait jeung tutuwuhan hebat anu loba kapanggih jeung
dimanfaatkeun ku masyarakat Sunda di Tatar Sunda, beheula, anu ayeuna
kapopohokeun: AWI

Cag heula, sugan ka hareup lamun pareng urang teruskeun ku pedaran alat
dapur sejenna di Sunda baheula, dulurna tetenong: "janong" alias gabungan
meJA jeung teteNONG.

manar










2010/5/4 <[email protected]>

>
>
> Tetenong sigana eta mah kang. Di jerona dibagi opat lima kapling tempat kos
> babaturan sangu atawa deungeun sangu tea.
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * "mamat" <[email protected]>
> *Date: *Tue, 4 May 2010 07:29:42 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>
> Kang Oman, ari wadah anu bentuk alasna lingkaran kl 50-60 Cm dianyam tina
> awi biasa, sisina (kurilingna) tina awi gombong anu lebar kl 15 Cm kandel 5
> mm (teu dinyamkeun estu sa-aslina awi) ngabentuk 2 tabung, diameter 50-60
> Cm, jangkung 15 Cm, aya luhur jeung handap, eta teh presisi pisan mun
> diasupkeun teh ngepas...
> kadang-kadang keur seserahan atawa nyaba ka Kota...naon namina?
>
> Wass
> Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa
>
>
>
> ----- Original Message -----
> *From:* oman abdurahman <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Cc:* [email protected]
> *Sent:* Tuesday, May 04, 2010 6:14 AM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>
>
>
> Syukur Mj, kaburu ngalongok Kp. Naga. Nyeta ngotektak neangan nmr Hp ki
> kuncen - pedah ti heula asa kungsi nyatet - weleh teu kapanggih, teuing
> sigana kapupus basa pindah hp.
>
> Ngeunaan pabesekan, sarupaning wawadahan tina awi, lian ti "besek" jeung
> "pipiti", sakumaha geus disebutkeun, di lembur uing baheula (hiji desa di
> kabupaten Ciamis, pasna di Kacamatan Lumbung), aya anu disebut "tingkem".
> Taun 60an akhir nepi ka 70an awal, pun bapa biasa ari barang kirim katuangan
> (goreng lauk, opak, rangginang, jsb) keur baraya di kota teh atawa bebekelan
> ka anu rek ka nyaba kota, diwadahan ku tingkem.
>
> Upama ditataan singget, sigana tangtungan anu 3 rupa wawadahan di luhur teh
> siga kieu:
>
> 1) Pipiti : dijieun tina awi ku cara awi diipiskeun jeung dilemeskeun laju
> dianyam. Ukuran besek kl 20 cm x 20 cm x 7 cm atawa saukuran tegel anu
> leutik. Fungsi pipiti - baheula (taun 70 an) anu kasaksian ku sorangan -
> umumna keur wadah katuangan salaku pamulang ka anu nyarecep nalika
> nyambungan (mere artos atawa bahan-bahan tauangeun ka anu rek hajat) di
> kampung. Nya pipiti oge sok digunakeun keur wawadahan bahan-bahan kayaning
> bumbu dapur, jsb, di paimahan di kampung;
>
> 2) Besek: Sacara bahan jeung cara nyieun sigana teu beda ti pipiti, ngan
> bahan leuwih badag ukuranna jeung leuwih pilihan awina teh, sigana. Anu
> jelas pisan mah ukuran besek pasti leuwih gede (leuwih jangkung oge) ti
> pipiti. Nya kitu lah bangsa antara 30-40 cm2 (mungkin aya anu leuwih badag
> deui) kalayan jangkungna bisa nepi ka antara 15 - 20 cm. Fungsina, nya
> tangtu leuwih gede tina pipiti. Lamun dipake pamulang anu nyambungan oge
> tangtu besek mah keur pamulang panyambungan kelas badag. Atawa keur
> sisimpenan barang atawa bahan anu leuwih aya hargaan.
>
> 3) Tingkem. Tah, ari tingkeum mah- anu tembong pisan bedana jeung
> besek/pipit - nyaeta bahan jeung cara nyieunna. Bahanna memang awi keneh,
> tapi leuih kasar. Malah keur tingkem mah, sigana awi teh teu pati digawean
> teuing, ukur deibeulahan sagede-gede cinggir orok laju dianyamkeun. Tingkem
> kasawangna djieun ukur keur wawadahan (utamana kadaharan) sakali pake wae.
> Ukuran badagna tingkem anu kuring apal aya 2 jenis: anu leutik, kl 30 x 20 x
> 20 cm; jeung anu badag kl 2 kali ukuran anu leutik.Hiji hal deui anu
> ngabedakeun tingkem jeung pipiti/besek : tingkem mah pasti aya paragi
> ngajingjingna di sisi/beulah luhurna (besek oga sakapeung sok make paragi
> ngagigiwingna).
>
> manar
>
>
>
> 2010/5/3 mj <[email protected]>
>
>>
>>
>>
>>
>> Kamari nganjang ka kampung naga, balik heula ka lembur ngalongok indung
>> bapa. Ti gunungcupu kang sajam saparapat kana bebek, dibonceng ki adi. Ti
>> sindangkasih teh ka kota tasik terus ka jurusan singaparna (ayeuna jadi
>> ibukota kabupaten tasik), terus salawu (kacamatan), kampung naga ayana di
>> desa neglasari salawu.
>>
>>
>>
>>
>>
>> Teu mawa surat pengantar, tinggaleun, hadena aya urang dinya nu jadi guide
>> teu resmi, ngajak ka imah sepuhna  Nya sakalian tetelepek bari motoan bari
>> ngukur itu ieu. Wawadahan pare beas sangu tea. Manggih said tea, boboko
>> gede, jeung sajabana. Ngan rek moto jero goah teu meunang cenah. Nya ngan
>> foto pantona we. Tapi prinsipna mah sarua, aya pabeasan nu tina gentong tea,
>> meuli cenah ti pasar garut atawa singaparna. Kitu deui seeng.  Beres tunyu
>> tanya, bari moto jeung ngukur boboko, said, aseupan, tampir, nyiru, jrrd,
>> diajak ka imah wakil kuncen pikeu nulis  ngaran/rombongan/institusi di buku
>> khusus nu naliti. Tapi aya nu kaliwat, teu moto leuit. Padahal teu loba
>> leuit di kampung naga mah, salian sawareh parena pare murag, oge lahan
>> kampung naga geus heurin ku paimahan. Ari saung lisung mah loba sababaraha
>> hiji deukeut/luhureun balong.
>>
>>
>>
>> Teu motoan imah deui da foto imah mah geus sering/geus aya koleksi,
>> ditunda di mangjamal.multiply.com jeung di photo jero facebook.
>>
>>
>>
>> Besek aya cenah di kampung naga, ngan enya, kitu, pikeun hajat cara
>> nyunatan, ngawinkeun, jrrd, lain pikeun hajat sasih-upacara adat khas
>> kampung naga. Besek sok meuli ka pasar cenah, da urang dinya teu nyarieun
>> besek.
>>
>>
>>  ------------------------------
>>
>> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
>> Behalf Of *mh
>> *Sent:* Saturday, May 01, 2010 5:47 AM
>>
>> *To:* [email protected]
>> *Subject:* Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>>
>>
>>
>>
>>
>> Mun teu salah mah Kang Oman wanoheun ka pupuhu warga Kampung Naga, Kang
>> Ade asana ngaranna teh. Tah paluruh geura ka Kang Oman, da asana kaci cenah
>> make HP di Kampung Naga mah.
>>
>> 2010/4/30 mj <[email protected]>
>>
>>
>>
>>
>>
>> Eta kang masalah patarosan teh, naha di kampung naga aya teu besek atawa
>> pipiti. Geus sababaraha x ka kampung naga teh mawa barudak sabeus sina
>> warawuheun ka budaya karuhun, motoan sagala, tapi loba nu kaliwat. Cara soal
>> besek eta, giribig, goah, leuit, saung lisung ge ngan saukur moto jepret,
>> teu diatur objekna. Mun ningalian foto keur hajat sasih, dina buku her
>> suganda, nu katembong loba teh boboko atawa said, boboko gede. (boboko jeung
>> said oge teu kacatet ukuranana, haha)
>>
>>
>>  ------------------------------
>>
>> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
>> Behalf Of *mh
>> *Sent:* Friday, April 30, 2010 4:33 PM
>> *To:* [email protected]
>> *Subject:* Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>>
>>
>>
>>
>>
>>  2010/4/30 mj <[email protected]>
>>
>>
>>
>> Di baduy justeru teu aya atawa dikenal, jadi teu aya gantina da teu kungsi
>> aya. Haha
>>
>> Enya besek ngaran sejena pipiti. Bisa meuli ka pasar mun perlu. Sigana di
>> kampung adat mah teu aya. Panasaran di kampung kuta ciamis. Sabab kampung
>> nu jadi studi kasusna, tilu cikadu baduy, kp naga jeung kampung kuta. Besek
>> pipiti di luar kampung adat aya, tapi di kampung adat teu aya. Naha. Duka
>> atuh. Sigana sabab model hajatna beda.
>>
>>
>> aya kamungkinan, pipiti atawa besek nu dipake di kampung naga, lain
>> meunang meuli di pasar, tapi meunang nyieun sorangan. sainget uing baheula
>> di lembur, mun aya nu hajat sok nyieun pipiti atawa besek tina daun kalapa,
>> jiga nyieun kupat.
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
> ==============================================
> Flexi ngROOMpi :
> Ngobrol bareng teman pake flexi ngROOMpi kapan aja, dari mana aja
> se-Indonesia Rp 49/Menit. Caranya: call *55*nomor-room ( nomor
> room 1 s/d 9999 ).
>
> Flexi Chatting :
> Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting Cuma Rp 299rb bisa YM,
> GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2000/Mg & akses Facebook /
> Twitter masing2 Rp 1000/Mg.
> ==============================================
>                 This Email Has been Scanned  by Anti Virus
> ==============================================
>
>
>   
>

Kirim email ke