Ciranjang,cianjur,akhir 80an , dugika thn 92,pas ngalih ka Jl Cikajang Antapani da kuliah di Jatinangor. Ti kawit di Antapani mah tos teu nganggo ritual ngakeul dll, sampay saat sakarang.
Terkirim dari telepon Nokia saya -----Pesan Asli----- Dari: mj Terkirim: 07-05-2010 09.09.05 Subjek: RE: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas Nuhun teh lalakona. Lokasina dimana eta jaman baheula teh? Sumedang oge nya? haha -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of [email protected] Sent: Thursday, May 06, 2010 2:02 PM To: [email protected] Subject: BLS: [Urang Sunda] pabeasan padaringan wadah beas Sanes paham, ieu mah nostalgia. keur burey keneh emut pami dipiwarang nyangu teh seueur aturan ti pun biang. Nyandak beas kedah tapak deku, teu ke ngeng nagog, komo deui nonggeng. Nyandak nganggo leter tina batok. Teras beas dikanabobokokeun, diisikan dugi ka cai pangisikana herang. diaronan, pami beas saleter cai oge saleter;beas pangisikan kedah tuus heula oge cai pangaronan kedah ngagolak,nembe beas diabruskeun. Tos saat ,teras di seupankeun, kinten dugi ka haseupna ngirangan,aya kana satengah jam rupina. Tah nu lami teh abdi mah diajar ngakeul, pan memerlukan koordinasi karena kedua tangan beda cepengan, hihid sareng cukil (?) di gerakan bersamaan. Pami upacara na mah rupi na nyuguhnya. Di goah almarhumah Mamah,ngajajar gentong. Kadang sok diseungeutan menyan, dipurulukkeun kana tapas ruhay. Aya bubur beureum bubur bodas , rujak kalapa,sareng cau. Nya eta mah lalakon baheula da abdi Ayeeuna mah nyandak beas tina laci cosmos, diisikan dina bas ko m, lajeng diasakan dina rice cooker.. Terkirim dari telepon Nokia saya -----Pesan Asli-----

