> ja...@... wrote:
> Mun enya bu armida dipilih sby jadi menkeu, aya nu beda: menkeu 
> biasana jatah urang FE UI ti beh ditu mula, geser ka urang FE 
> Unpad. Nya milu reueus. Da ongkoh ekonomi jeung hukum unpad kaitung 
> top.

Enya leres MJ. ngan Bu Armida teh saleresna alumni FE-UI oge ...hehehe, sigana 
2 taun heulaeun Sri Mulyani (lamun ningali umurna mah). Lamun tepi ka dianggkat 
teh loba kasaruaan jeung Sri Mulyani. Sarua alumni FE-UI, sarua pasca sarjanana 
ti Amerika Serikat. Sri Mulyani oge memeh jadi Menkeu, jadi menteri Bapenas 
heula. Kulawargana? Sarua ti kalangan pendidik. Sri Mulayani anak Professor di 
Undip, Armida oge anak Professor di Unpad, ngan pedah Rama Armida mah langkung 
kasohor da puguh saliaan ti profesor teh oge Diplomat kasohor urut menteri. 
Saha nu teu apal ka Prof Muhtar Kusumaatmaja?

Kuring mah satuju pisan lamun Bu Armida jadi Menkeu, piraku sugan teu ngala ka 
Bapana atawa ka Emangna Sarwono Kusumaatmaja, politisi senior nu geus kawentar 
ku integritas jeung moralna anu hade.

Baktos,
WALUYA
 


Kirim email ke