Jumaahan di gereja

Kajadian ieu teh geus rada lila, kira kira 5 bulan katukang.
Sikuring keur ulin di pulo dewata, Bali Island tea.
Kabeneran poe eta poe Jumaah, ulin ka pasisir Kuta bari pota-poto tempat
kajadian Bom Bali (Ground Zero versi Indonesia meureun). Teu karasa wanci
jumaahan geus datang, gura giru sikuring teh rada gancang kaluar ti kawasan
Kuta, mobil oge sasatnamah meni gugurudugan bakating ku rusuh. Da atuh enya
di Kuta mah meureun moal aya Masigit paranti jumaahan. Nanya ka simanehna
anu urang Denpasar tea ngeunaan masjid anu pangdeukeutna. Manehna gogodek
teu apaleun, cenah aya oge di Kodam sareng caket Bandara. Ari ceuk kuring
teh, Kodam mah jauh pisan atuh. Alhamdulillah barang kaluar ti Kuta,
sikuring nempo jalma make kopeah jeung sarung, jiganamah rek jumaahan.
Kukuring teh ditanya "Pak Mesjid paling deket dimana?" ari manehna ngajawab
:"Tuh didepan di komplek KOREM". Sikuring gancang nengan tempat parkir, tapi
terus aya tangtara nitah parkir di jero bari kaca mobil kudu di buka. Tapi
ah..teu nanaon. Bari aman deuih da parkir di jaga ku tangtara anu mawa
bedil. Bari jeung si manehna nungguan di jero mobil. Gura giru turun neangan
tempat wudu, barang rek asup ka masjid gening geus pinuh. Nya kapaksa we
neangan tempat anu pantes pikeun solat. Ningali batur oge da geus sarila di
emper bangnan anu rada heubeul. Nya kuring teh pipilueun we, ngamparkeun
sajadah di bagi jeung batur gigireun. Teu lila ngadengekeun khutbah teh da
memang geus telat, di teges teges gening sora hotib teh jiga urang sunda, da
ngalapalkeun F dina kecap Furqon jadi Purkon, jigana heueuh meureun urang
Sundanese.....
Gancang carita jumaahan anggeus (jumaahan biasa jiga di semarang jeung di
Ciamis) dua rakaat. Ngan rada lila, suratna panjang. Bari jeung panas,
hareudang.
Anggeus jumaahan sikuring kakara sadar, gening sikuring jumaahan di lawang
panto gereja?. Barang di sidik2 gening enya iyeu teh gereja da aya tanda
Salib na. Gereja pahareup2 jeung masjid. Na hate rada hanjakal teu ngilikan
heula basa rek jumaahan teh. Sah teu sikuring solat jumat di panto gareja,
tegesna di terlasna?

Bari asup ka Mobil si kuring kukulurus ka si manehna, "Kamu ko ga ngingetin
kalo di depan mesjid itu gereja!" manehna oge gening teu apaleun. Antuknamah
sikuring gura giru kaluar ti komplek militer eta bari nelpon ka kolot di
Ciamis nyanyakeun sikuring sah teu solat jumaah di terlas gareja?
ari ceuk kolot kuring mah, meunang cenah da kondisina darurat. bari jeung
lain di jerona iyeuh.


cag ah...
jangdede

Kirim email ke