Baraya, Tangtu wae, di Jawa Barat, atawa Tatar Sunda, tos aya anu naratas atikan ngeunaan bencana (pendidikan kebencanaan), boh sacara khusus di sakola (pendidikan informal), atawa di masyarakat (pendidikan non formal) jeung di kulawarga (pendidikan informal). Ngan, nepi ka ayeuna, pendidikan kebencanaan teh, khususna di Jawa Barat, tacan asup kana kurikulum pendidikan, boh di SD, SMP, SMA nepi ka paguron luhur. Aya sagagang harepan tina acara seminar pendidikan kebencanaan anu geus dilaksanakeun di Universitas Pendidikan Indonesia (UPI, samemehna kaceluk salaku IKIP tea), Bandung, dina tanggal 11 Mei 2010 - saminggu ka tukang - yen ka hareup pendidikan kebencanaan asup jadi kurikulum pendidikan, minimal di Jawa Barat. Ningal tina rengrengan anu hadir jeung anu biantara dina eta acara, gede harepan ieu acara bisa jadi panaratas asupna pendidikan kebencanaan adi kurikulum pendidikan, minimal di Jawa Barat. Pangajaran ngeunaan kebencanaan atawa usaha-usaha ngurangan risiko bencana ku ngaliwatan dunya atikan kacida pentingna.
Acara anu dilaksanakeun di UPI sakumaha disebut di luhur mangrupakeun lengkah saterusna tina gerakan kapadulian babarengan kana masalah bencana di Jawa Barat anu gongan geus ditabeuh dina tanggal 12 Maret 2010 di gd sate tea. Ieu acara seminar oge ngarupakeun gawe bareng UPI, khususna Jurusan Geografi, jeung Badan Geologi, KESDM (http://www.bgl.esdm.go.id/) Ieu acara seminar bencana di UPI diluuhan ku teu kurang ti 167 peserta jeung 20 urang tamu undangan. Anu hadir nyaeta para guru (aya kana 70% na) jeung para mahasiswa ti UPI. Anapon undangan nyaeta ti Badan Geologi, Dinas Pendidikan Jawa Barat, BPLHD Jabar, LIPI, UNESCO Jakarta, IBU Foundation, UNMA Banten, Pikiran Rakyat jeung sajumlah pejabat ti lingkungan kampus UPI. Minangka gawe bareng, Badan Geologi maparin bahan-bahan ka satiap anu ngahadiran kana eta acara mangrupa buku ngeunaan pendidikan kebencanaan jeung "Warta Geologi" dina wangun file elektronik pikeun bahan ajar para guru. Sedengkeun anu biantara dina eta acara nyaeta: 1. Kepala Badan Geologi anu diwakilan ku Kepala Pusat Survei Geologi, minangka pemakalah kunci (keynote speaker); 2. Pembicara Pertama: Ardito Kodijat, M. Arch (UNESCO Jakarta) 3. Eko Yulianto, Ph.D (LIPI) 4. Dr. Setiawan Wangsaatmadja (Kepala BPLHD Jawa Barat) 5. Dr. Nursid Sumaatmadja (Guru Besar Geografi UPI) 6. **Dr. Asep Hilman, M.Pd (Kepala Bidang Dikmenti Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat) 7. Drs. H. R. Hidayat Suryalaga (Budayawan) Laporan salengkepna anu disusun ku kang Yakob ti jurusan geografi UPI ditangkodkeun dina lampiran. Mudah-mudahan wae ieu acara teh jadi rawayan asupna pendidikan kebencanaan kana kurikulum pendidikan di Jawa Barat. Oge mudah-mudahan ieu acara teh mere bekel ka para guru sumanget pikeun ngalaksanakeun pendidikan bencana di sakolana sewang-sewangan. Anu leuwih penting, tangtu wae, kahontalna tujuan nguranganana korban dina satiap kajadian bencana di Jawa Barat. Rupina sakitu heula minangka laporan kagiatan saterusna dina raraga usaha ngurangan risiko bencana di Jawa Barat. manar

