Tah ieu Kang Jalak, masalah PKS teh :
PKS = atanapi PSC = Production Sharing Kontrak.
Kontrak NGABAGI Hasil Produksi.
Jadi intina ieu PKS teh nya eta, ngabagikeun produksi nu dihasilkeun
Naon cenah nu dihasilkeun teh ? jeung pihak mana wae anu nyieun Kontrak
atawa perjanjian teh ?
PKS teh hiji palenggeran dina ngabagikeun HASIL Produksi, antara nu nyewa lahan
pikeun digarap jeung nu BOGA wewenang ngawasa eta lahan.
Dina ieu palenggeran, tangtuna oge nyokot dadasar ti na UUD45, nu terus nyieun
UUna keur pelaksanaan tea. Nya nepi ka Kontrak tea.
Rakyat Indonesia nu boga hak milik eta lahan, nu diamanatkeun ka Pamarentah
Negara Kesatuan Republik Indonesia, nu saterusna ku amanat ieu nya eta :
Bumi , Air, dan segala isi didalamnya dikuasai Negara untuk sebesar besarnya
kemakmuran RAKYAT.
Jadi Nagara memang NGAWASA lahan, tapi kade lain disagawayahkeun model
LAPPINDO. malah eta mah kapan DEMI KESENGSARAAN Rakyat yang sebesar besarnya
dan sedalam dalamnya.
Padahal tujuan utama ngawasa teh pan keur kesejahteraan rahayat. Tah lamun
sabalikna, kapan geus tojaiah jeung UUD45 ? Kumaha tah, mun Pamarentah
ngalanggar UUD45 ?
Tah ayeuna urang teruskeun, masalah KPS kontak produktion sharing tea.
Lahan dikawasa ku Nagara, mjun aya SWASTA nu rek ngagarap lahan, kaasup
Patani, kudu menta idin heula ka nu boga wewenang, nya eta Pamarentah, saterusna
Pamarentah nunjuk WAKIL, biasana mun masalah TAMBANG, dipercayakeun ka
MIGAS atawa Pertamina. Tapi duka tah ayeuna status Pertamina kumaha ?
Jaman Kiwari ? Naha dikelolana ku SWASTA2an, nu padahal baheulana OKNUM
Pamarentah. Mun untung bakal disakuan, rakyat teu dibagi. MUN RUGI, bakal
digantian
ku Pamarentah, nu HARTINA Rahayat kudu pipilueun NANGGUNG Jawab, bari teu nyaho
ABCDna. Ujug2 nanggung rugi we. Tah eta disebut swasta2an teh.
Pertamina ayeuna Swata cenah, PERSERO, bari urang teu ngarti tah kumaha status
PERSERO teh, jero2na ?
Naha ieu diadegkeun pikeun COKLEG gede, bari teu kapariksa ku BPKP ?
Ayeuna urang teruskeun deui. Tah mun aya Swata boh pribumi, boh jalma ASING,
ti Nagara Deungeun, eta menta izinna teh ka Pamarentah CQ pertamina tea.
NYa terus nyieun perjanjian nu disebut KPS tea. Dimana sagala beaya jeung
resiko
lamun teu ngahasilkeun naon2 ditanggung ku nu ngajalankeun atawa ngolah lahan.
Tapi lamun kabuktian aya hasil produksina, kabeh beaya teh diitung ka na
produksi nu
dihasilkeun, cohagna mah KPS teh saenyana mah parentah kieu tah ti Pamarentah/
Migas/Pertamina ka Swasta nu rek ngolah lahan : Cing euy pang ngalikeun, atawa
pangeborkeun tah lahan eta, sugan we meunang MINYAK ( atawa naon wae produksi);
ke mun hasil, pek we kabeh Ongkosna dipotong ku hasil eta; ke buruhna; urang
bagi dua.
Buruhna teh, nya eta kaleuwihan produksi tina biaya nu geus dikaluarkeun. Tah
eta sesa
hasil teh dibagi dua, 85% Pertamina, 15% nu ngolahna.
Saenyana mah cara Kontrak kitu teh ngarugikeun pisan ka NKRI.
Maning keneh sistim ROYALTI,
Teu nyaho naon2 pokona mah meunang 20% we.
Ari KPS mah Pamarentah kudu ngaganti 100% Biaya nu kaluar ti SWASTA.
Tah ieu nu disebut ngabeakeun kakayaan INDONESIA keur ngempanan BATUR teh.
Hanca