Geus dicaritakeun samemehna, yen saencan produksi jalan, kabeh biaya diasupkeun
ka na
rekening predevelopment Expenses, nu engkena bakal jadi biaya salila sapuluh
taun.
Jadi nu bakal dipotongkeun ka na Biaya tina eta ongkos2 atawa pangaluaran teh,
ngan
10% sataun, jai mun aya 10 Juta US$, tah ngan 1 juta US$ nu bakal diitung
sabage biaya mah.
Dina geus ngahasolkeun produksi, kabeh pangaluaran bakal diganti ku
Pamarentah/Pertamina. Anggap we kontrakna ngali MINYAK BUMI.
Pangaluaran di na ngali Minyak Bumi, aya sababaraha biaya nu kudu dibagi bagi,
ngarah jelas keur naon keur naonna. ( Ulah cara Pamarentah NKRI nyieun Budget
bari teu jelas tujuanana, teu transparan, bari engkena euweuh pisan kadenge beja
bejana, kumaha2na dipakena eta APBN, naha pas salaras jeung program atawa
ngaler ngidul ? )
Biaya2 eta Upamana wae : nu mimiti nya eta biaya Survey, seismic, Geology,
pokona
nu ngawengku ka na panalitian taneuh ngandung minyak atawa henteuna.
Terus beaya Explorasi. Ieu kaasup Ngebor atawa Drilling, tapi ieu kade can
produksi,
meureun istilahna teh kakara dilalanyah atawa diuji coba. Tah hasil minyak atah,
ti na eksplorasi dibikeun ka bagean produksi ( bagean nalitina ). Naha eta sumur
teh sanggeus aya minyakna, bisa ngahasilkeun sacara Komersial ? Lamun kira2
ngarugikeun, ngeborna teu diteruskeun. Cul wae jadi sumur urut.
Lamun dina analisa nyata bakal nguntungkeun, tah prak wae dibor, nepi ka
ngahasilkeun produksi. Tah sanggeus kitu mah kabehanana biaya teh diasupkeun
ka na biaya Produksi, kaasup Administrasi, personalia, jeung Accounting.
Kumaha cenah ngabagi Biaya Admin, ka na Biaya Produksi ?
Nya atuh aya aturanana, make persentase, lantaran Admin oge sacara teu langsung
mah
aya sharena ka na produksi minyak, jadi meureun jadi service ka Produksi.
Lamun meuli alat2 nu bakal beakna leuwih ti 5 taun, eta kaasup Barang Modal, teu
meunang langsung dijadikeun biaya, tapi kudu di depreciasi misalna 10 tauneun.
Tah ayeuna misalna struktur Biaya teh kieu :
Predevelopment Expenses $ 1,000,000
Depreciasi $ 1,200,000
Biaya Operasionil $ 12,000,000
Jumlah $ 14,200,000
Hasil taun eta misalna 2 juta Barrels.
Harga standard ngitung = $ 10.00 per barrel
Eta hartina kabeh biaya teh = 1.42 juta barrel.
Tah sesana = 0.58 juta barrel = 580,000 barrels
Tah nu 580,000 ieu dibagi keur Pertamina 85% = kurang leuwih 400,000 Barel.
Jadi keur pihak ASING bisa ngangkut minyak ka nagarana = 1.42 juta Barrel
dtambah 180,000 barrel = 1.6 juta Barrel !!!
Hehehehehe, jadi urang mah ngegel CURUK we, da ngan ukur meunang 0.4 barrel.
Akhirna kakurangan minyak kudu NGIMPOR !! Lain untung malah BUNTUNG.