Genep urang mahasiswi Kedokteran diuji lisan ku dosenna, saurang Profesor ahli 
panyakit jero nu kasohor dosen "killer". Mahasiswi kahiji asup ka ruangan Pa 
dosen. Pa dosen nanya teugeug: "Sebutkeun ku anjeun  organ manusa naon nu bisa 
ngagedean tepika tujuh kali?"

Mahasiswi kahiji teh kalahka rampang-reumpeung, teu wasa ngajawab, kalahka 
terus nyikikik: " Hihi...hihi".

Si dosen nyentak, "kaluar!".

Mahasiwi kadua asup, sarua ngajaawabna teh ukur "hihi..hihi". Kitu deui 
mahasiswi katilu tepi ka lima.

Bus asup mahasiswi nu kagenep, manehna ngajawab: "Liver Pa, upami keuna radang!"

"Bener pisan, pinter anjeun", ceuk Pa Dosen teh, "Pangbejakeun ka batur-batur 
anjeun, hihi ..hihi mah ngan bisa ngagedean ukur tepika lima kali!'

WLY




Kirim email ke