kintunan buku sa dus ageung tos katampi, mang. tos dipurak. nuju dijejer jejer, 
dietang, laju diperenahkeun. Kintunan ieu ageung pisan hartosna,lir ibarat 
pepeling kanggo  warga Komunitas Rubel 77 nu dina sababarah sasih ieu kirang 
fokus kana bahan bacaan, alatan kalindih ku kasibukan ngabantosan para siswa nu 
'ngobong' kanggo mayunan UN sasih kapengker.
Atas nami komunitas Rubel 77 simkuring ngahaturkeun nuhun kana perhatosan 
sareng bantosan ti baraya. Insya Allah buku nu katampi bakal dimanfaatkeun, 
tangtosna Pabukon nu tos meh engkak-engkakan teh ngaraos asa kenging tanaga 
anyar pikeun aktif sakumaha mistina. Sakali deui, hatur nuhung,mang.


baktos,


Yayan Suryanata
Rubel 77

Kirim email ke