Baraya sadayana, daramang? Asa ku lawas sim kuring tara ngacapruk. Di handap
kasanggakeun pangacaprukan sim kuring pangenggalna. Masih haneut keneh, nembe
nyat tina pangutahan. Mugi Mang Vaat.
Nyanggakeun....
Baktos,
Pun Maman
=================================
Batik Sunda,
Semanggi, jeung Bandera Ali
(Pangemut-emut
ka suargi Aki Endang, Merak Ngibing, jeung Dede Jusuf)
Poe Ahad kamari (30 Mei 2010) kuring ka
Bentara Budaya deui. Disebut deui teh, da enya, sawatara poe saencanna, kuring
geus nyimpang ka eta tempat. Lain sakadar hayang lalajo The Dancing Peacock
-- Colours and Motifs of Priangan Batik, pameran batik kamonesan urang
Tasik, Garut jeung Ciamis. Tapi, pangala nu utama mah hayang neuteup Ibu Wakil
Gubernur. Asa geus lila tara neuteup pamajikan batur. Komo pamajikan Wakil
Gubernur mah, asana mah encan pisan. Geus diwawaas ti kantor keneh, pasti tegep
kacida ieu paningal teh: Raray Ibu Wagub,
diamparan samping kelir bulu hayam garutan. Tetela Sunda teh
endah.
Ngan teu ku hanteu, eta pamaksudan teh teu kataekan.
Boro-boro Ibu Wagub, nu nyampak ukur dua wanoja nu nungguan meja tamu, opat
awewe lainna nu narungguan kios batik jeung buku jualeun. Salewihna mah nya
samping kebat bae ngaralempay atawa ngampar dina tembok. Bau daun pandan weh
nyolokan irung. Jadi inget ka Si Opong, urang Rawalumbu, Bekasi, nu pajarkeun
teh mun urang ngambeu daun pandan totonden aya dedemit keur ngaliwat. Asa
piraku...
Demi kamari, nyaho si Ibu Wagub moal
sumping, ngahajakeun datang deui teh rek ngadon motret. Ku pikiran, keun bae
teu bisa neuteup Ibu Wagub ge. Atuh, samping nu nyampak dina pameran eta nu
dipotret. Sugan bae, raray si Ibu ujug-ujug mucunghul dina foto.
Tapi, karah ka ngasin. Kamera teh teu ku hanteu, geus pinuh. Bari memory
card-na euweuh, teuing saha nu ngakatan
tina jero kamera. Tina kituna mah rumasa: Nu di imah teh komunis kabeh, euweuh
milik pribadi. Barang teh bisa dipake ku saha bae. Bari, mun geus make, tara
ieuh parimpen dibereskeun deui. Sakarepna bae, sakainget. Belegugna kuring,
geus nyaho hirup jeung komunis, eusi kamera teh teu dititenan heula. Maen
diasupkeun bae kana pesak.
Ongkoh iinnditan teh teu bebeja heula, boh
ka pamajikan boh ka barudak. Sieun dicararam. Ngadon indit poe Ahad. Ngabejaan
teh geus nepi ka Taman Puring. Eta ge ukur nga-sms. Kusabab kitu, kuring
katideresa? Hanas geus maksakeun ngingkig,
jauh-jauh ngadurutdut numpakan pesva butut. Nolak pangondang batur nu ngajakan
mubuy lauk, sesa ngabedahkeun. Ari, pek teh, bujeng-bujeng tepang sareng nu
mencrang. Kamera ge karah teu bisa dipake.
Tapi, pangacaprukan ieu
lain rek ngawadulkeun perkara pangaruh komunisme dina kahirupan rumah tangga
kuring atawa perkara tulah pamajikan atawa kulawarga, komo perkara memori card
atawa pesva mah. Tapi, perkara batik Sunda, Aki Endang, oge mistik Sunda atawa
teuing naon ngaranna. (Ngeunaan ‘pesva’, kuring teu salah nulis. Vespa buatan
Piagio Itali, ari ‘pesva’ murni inovasi
urang Sunda – sarupaning salah sahiji metamormofis tina British Vespa kana
Vespa Gembel. Insya Allah, ieu inovasi rek dipatenkeun ka Komisi Inovasi nu
bulan kamari dikukuhkeun ku SBY. Kagok ngacapruk).
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441