Muhun bah, aya model suhunan nu miring pisan, janten kentengna oge disaluyukeun sareng model kitu, diantarana dina bagian puhuna, dipolongoan kanggo paku. Dipaku kana reng.
Bahan suhunan sapertos sirap, sanaos suhunan teu miring pisan, keukeuh kedah dipaku, margi teu aya bagean nu tiasa ngaitkeun eta sirap kana reng, teu siga kenteng nu aya bagean di puhuna kanggo ngaitkeun kenteng eta kana reng. Kanggo suhunan nu miring pisan, nya sudut miringna 45 darajat, ti sagedengen aya paranti ngaitkeun kana reng, oge dipaku sangkan teu morosot pangaruh gravitasi tea. -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Surtiwa Sent: Monday, May 31, 2010 10:01 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] (Desain) suhunan sulah nyanda Wah nuhun pisan..ngan eta kentengna janten kedah dipaku kana erengna.....gampil morosot..

