> Kumincir Wikidisastra <ia.ad...@...> wrote:
> Ieu Cech Gentong teh batur kuring di Multiply (jaman sok dibuka 
> keneh, ayeuna mah bujeng2). Anu matak diaku ge pedah bae caritana 
> teu leupas ti su'al Sunda. 

Hehehe ...sugan teh lain "sobat" kang Kumi. Perkara etnik sejen sok katarik ku 
"kasundaan" (make tanda kutip), sigana geus ti baheulana. Cenah baheula di di 
tatar Priangan aya gerakan Nyi Aciah (1870-1871) nu asalna ti Sumedang. Ny 
Aciah dipercaya boga kakuatan gaib da dipercaya manehna teh putri Sunan 
Jumadilkubra nu aran sabenerna mah DEWI SITI JOHAR MANIKAM. Kulantaran 
asal-usulna nu luhur pisan, para bupati jeung menak di Priangan teu meunang aya 
nu ngahalangan kana gerakanana. Dewi Siti Johar Manikam alias Nyi Aciah teh 
engkena bakal jadi RATU karajaan Sunda nu bakal ngadeg. Dina mangsana ngadeg 
bakal ditunjuk wakil ratu nyaeta HASAN MOHAMMAD. Rahayat di karajaan Sunda 
bakal dibebaskeun tina pajeg, perang bakal dijalankeun keur ngagulingkeun 
kakawasaan, jimat-jimat dibagikeun jeung surat-surat tobat (ampunan) dibagikeun 
keur nu biluk ka Nyi Aciah. Eusi sorat tobat teh sabenerna "wahyu" nu katarima 
ku Hasan Mohammad.

Saha Hasan Mohammad teh? manehna lain urang Sunda, tapi urang Jawa ti Bagelen 
tapi dilahirkeun di Urug(?). Manehna masantren di Malangbong jeung pasantren2 
di Jawa Timur. Di taun 1869 manehna balik tina ngumbarana. Di lemburna manehna 
disebut Kiai sakaligus ngarangkep dukun jeung dipikaserab ku masyarakat. 
Manehna sok "kasurupan" kaasupan roh suci, nu nyebutkeun yen kakawasaan nu 
ayeuna bakal diruntagkeun, karajaan Sunda bakal ngadeg jeung Ratu Sunda bakal 
diistrenan. Ratu Sunda teh nya Nyai Aciah tea. Hasan Mohammad sigana geus 
kaancikan "kasundaan" ...hehehe

Loba nu biluk kana gerakan ieu, pangpangna di Malangbong Garut. Pamarentah 
walanda kasieunan, Nyi Aciah ahirna ditewak, gerakanana dibubarkeun. Gerakanana 
pareum.

Sumber tina buku: "Ratu Adil", Prof Sartono Kartodrdjo, Sinar Harapan, 1984

Baktos,
WALUYA 







Kirim email ke