Muhun sae pisan pembahsan na kang maman. Ieu kabudayaan nu kedah di mumule ku urang sadaya. Sent from my BlackBerry® powered by Sinyal Kuat INDOSAT
-----Original Message----- From: Zulkifli Mohammad <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 31 May 2010 21:57:14 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [Urang Sunda] Sendy, eh, Dede Jusuf (Batik Sunda, Semanggi, jeung Bandera Ali #4) Hatur nuhun pisan seseratanna, Kang Maman.. Nuju milari pisan nu ngabahas perkawis ieu.. --------------------------------------- Mohammad Zulkifli Falaqi 13407139 Teknik Industri ITB Lingkung Seni Sunda ITB (022)60 936 926 [email protected] ________________________________ Dari: Maman Gantra <[email protected]> Kepada: [email protected]; [email protected]; [email protected]; [email protected]; [email protected] Terkirim: Sen, 31 Mei, 2010 16:48:41 Judul: [Urang Sunda] Sendy, eh, Dede Jusuf (Batik Sunda, Semanggi, jeung Bandera Ali #4) Si Aki nepikeun, kumaha rama sareng eyangna ngayakeun “ritual” tiap dinten Kemis atanapi Rebo: Dina kaayaan shaum, batik-batik pununjul teh dikaluarkeun tina lomari. “Dibeberkeun kalawan ati-ati, nepi ka seungit malati atawa zafaronna ngulibek ka saimah-imah,” saur si Aki. Ti dinya, eta sinjang teh diangin-anginkeun di tengah bumi. “Mun katingal kusut, nya ti poe Kemis keneh geus dilicin. Tara ieuh dijembreng-jembreng di luar imah,” saur Aki Endang. Ka luar ti bumi teh nya mangsa ka masigit, pangaosan, atawa...jihad alias perang. Ieu batik, cenah, tara ieuh diseuseuh. Ongkoh kotor ku naon, da teu dipake cara baju biasa. Sakalina diseuseuh teh ukur dikeueum ku aer mawar, dikucek-kucek, terus dijembrengkeun di...tengah imah. Ukur diangin-angin. “Mun nuju ngaleot, Aki teh teu weleh gegereyeman. Duka teuing naon nu dipapatkeunnana,” dongeng Aki Endang. Tangtu bae, lian ti Bandera Ali, kiwari eta corak batik teh sigana mah geus euweuh. Dalah pan industri batikna ge ngilu susud. Sanajan harita pamarentah Soeharto pro pisan kana batik, di antarana ngeprakkeun barudak sakola jeung pagawe nagari sangkan disaragam corak batik, nepi ka urang Malaysia nalurutan nyarieun batik, sikep Soeharto teh kadar nguntungkeun sawatara pabrik batik nu gede – salahsahijina nya PT Sritek, Solo, nu dipiboga Harmoko sakulawarga, nu orderna lian ti batik saragam oge saragam tentara kaasup tentara Srilanka. BanderaAli ge, pan geus salin jinis jadi make teknik sablon nu kasar. Di Tanabang jeung Senen, atawa di pengkolan Banceuy-ABC, Bandung, masih keneh aya nu ngajualan ieu “bandera”, didagangkeun bareng jeung minyak duyung, keris semar, benggol pajajaran, jeung sarupaning “pusaka” lianna. Kurang leuwih taun 2003, kuring kungsi meuli Bandera Ali versi sablon ieu. Hargana teu leuwih ti Rp 5 rebu. “Benggol pajajaran”, di Banceuy ditawarkeun Rp 10 rebu sakepeng. Naha konsumen eta pusaka teh aya? Tangtu bae aya. Kaasup Dede Jusuf? Tanggtu bae heunteu. Juragan Wagub disabit-sabit teh pedah bae, sawatara waktu ka tukang, mun teu salah taun itu, anjeunna kungsi sasauran: Yen, urang Tasik jeung urang Ciamis kudu ngahucuhkeun kana batik tulis. Ambeh hargana luhur. Teu salah-salah teuing kasauran Kanjeng Wagub teh. Ngan, keur kuring mah kurang afdol. Sabab, lain bae batik tulis nu kudu ditingkatkeun teh. Batik citak, nu nyampak ti mimiti taun 30-an, bareng jeung dipakena bahan-bahan kimia keur kelir batik, atawa batik printing ge sarua kudu diundakkeun. Lian ti dipastikeun hargana bakal leuwih murah manan batik tulis, sub sektor ieu tangtuna bisa leuwih loba nyerep pagawe. Sukur-sukur bisa ngilu ngahirupkeun deui industri tekstil di Majalaya – mun tea mah Patal-patal nu aya, sakumaha kasaksian kiwari, geus teu bisa diharepkeun pisan. Kumaha carana? Tangtuna lain bagian kuring keur ngajawab eta. Ku ngacaprukeun perkara ieu ge, sigana, sumbangsih kuring ka bangsa jeung nagara teh leuwih ti cukup. Sanes kitu, Aki? Sanes, ceuk si Aki. Kebon Sirih, 31 Mei 2010 (mangsa taktak pegel, tapak pepesvaan kamari). Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441

