Aya sababaraha hiji etnik di Indonesia lamun mere aran budak nu kakara lahir teh sok dihubung-hubungkeun jeung kajadian nu pas tumiba di lingkunganana, saperti batur kuring ti hiji etnik di Sumatera aranna TARZAN da waktu manehna dilahirkeun keur rame-ramena diputer pelem Tarzan. Tah kacaritakeun aya budak nanya ka bapana: "Bapa kunaon ari di suku urang, mere aran budak teh sok dihubung-hubungkeun jeung kajadian nu keur tumiba?"
"Oh enya, saperti waktu si AA dilahirkeun pas aya tantara Siliwangi ngamankeun daerah urang, pasukanana teh aranna BADAK PUTIH, nya diaranan Badak Putih. Atuh waktu si Teteh lahir, Bapa inget nu sok digandong tantara teh RANSEL, nu matak si Teteh aranna Elizabeth Ransel. Ngarti henteu KONDOM BOCOR?", Ceuk bapana teh bari ngusapan si bungsu. =WLY=

