mun teu salah ieu mah bah, nu ngorehan sajarah kunaon yahudi ningalkeun
kanaan (palestina ayeuna) teh tos seueur. sakaterang kuring mah, leuwih ti
sakali yahudi kudu minggat ti kanaan. basa masih keneh jaman yakub, yahudi
kudu indit ka mesir ngajauhan balai kalaparan ngan di mesir maranehna jadi
kelas budak, kakara di jaman musa yahudi dibebaskeun baralik deui ka kanaan.
di dinya maranehna ngadegkeun karajaan, raja pangkawentarna daud jeung
sulaiman. tah sanggeus sulaiman maot, kajayaan karajaan yahudi mundur,
karajaan peupeus jadi dua, saterusna daerahna mimiti dikawasa ku asiria
jeung babilonia, bangsana deui-deui jadi budak, ngan rea oge nu milih
kakaburan utamana ka mesir, nya ti dieu mimiti diasporana yahudi teh.
sumebarna bangsa yahudi ti sarakanna tambah-tambah sanggeus daerahna
dikawasa romawi.

kunaon sababna gerakan zionisme harayang baralik deui ka kanaan? samemehna
aya tilu daerah nu diajamkeun keur sarakan yahudi anyar, di afrika kaler,
argentina, jeung kanaan. ngan jigana zionis leuwih milih kanaan sabab dina
kitabsucina, talmud geus disebutkeun salaku tanah nu dijangjikeun. gerakan
zionis ieu teu bisa leupas tina rasa dosa urang eropa ku kajadian holocoust.
nya inggris salaku warga eropa pangawasa tanah kanaan harita, ngidinan
yahudi baralik ka kanaan, ngaliwatan deklarasi balfour.

salaku penjajah, inggris tangtu teu ningali ku dua panon, yen di tanah
kanaan geus rebuan taun dicicingan ku bangsa palestina (filistin). komo deui
yahudi zionis.

palestina jeung yahudi ti baheulana mula geus jadi tatanggaan. duanana sarua
nyicingan tanah kanaan. ngan teu rukun. emut carita david (daud) jeung
goliat (zhalut)? eta teh carita perang bangsa yahudi jeung palestina. daud
nu harita masih keneh komandan perang karajaan yahudi nu dirajaan thalut
kudu ngelehkeun zhalut raja karajaan palestina.

kabayang pan, kumaha lieurna sajarah. dina qur'an baheula yahudi nu
didukung, daud nabi yahudi diaku oge jadi nabi islam. padahal manehna teh
perang jeung bangsa palestina. tibalik jeung jaman ayeuna.

ngan memang, kasaruaan bangsa palestina harita jeung ayeuna masih keneh
diperdebatkeun. da cek salasahiji situs alkitab mah bangsa palestina nu
baheula mah geus musnah. hiji hal nu bisa dipetik tina dua carita perang
yahudi><palestina ieu, nyaeta islam mah teu mandang bangsa, nu ngakakaya
kamanusaan pasti dilawan!!!

ah entos ah, bisa kojay meuri jadi atog-atogan deui.

dudi

2010/6/9 Surtiwa <[email protected]>

> Anu teu acan dikorehan teh sajarah dihandap ;
>
> 1. Kunaon baheula pisan urang2 yahudi teh naringgalkeun daerah anu
> disebutPalestina ayeuna. waktu karajaan Romawi keur jaya jeung nabi
> isa jumeneng keneh..maranehna pan caricing didarinya.Iraha mulai
> ngungsi kalaluar ngalanglang kasakabeh nagara ??? Kunaon alesanna.
>
> 2. Sanggeus ngumbara ngarasa maju..tapi ditindes bebeakan ku Hitler,
> aya gerakan nasionais Zionis (1949 ??) hayang balik deui ka taneuh
> Palestina terus ngadirikeun Nagara Israel . Kanaon ???
>
> On 6/8/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote:
> > Ieu mah kanggo gambaran wae, kumaha katunggaraanana bangsa Palestin di
> Jalur
> > Gaza. Naha Zionis Israel ngahaja meupeus keuyang alatan luluhurna kungsi
> > disiksa ku Nazi baheula jaman perang dunya kadua? Naha ieu totonden baris
> > ayana perang dunya katilu? Wallohu 'alam, mung Alloh anu langkung uninga.
> >
> > Hapunten bilih minuhan mailbox dulur sadaya.
> >
> > manar
> >
> >
> >
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke