> mh <khs...@...> wrote:
> Lebah Arab jigana nu pas: Loba omong malah
Huss ...tapi sarua jeung dina bukuna Van den Berg, cenah sifat-siat nu alus di
urang Arab nu Indonesia di abad ka 19:
1. Urang Arab hirupna rikrik (hemat), teu awuntah. Nabung salah sahiji sifatna.
Tara mopohokeun anggota kulawarga nu aya di lemah cai (inget lemah cai
maranehna di Hadralmaut) .
2. Lamun boga kaleuwihan duit, urang Arab sok sumbung-sumbang ka masjid,
sakola, ka yayasan kaagamaan nu sejen, atawa ka inohong nu dipikahormat ku
maranehna atawa ka sobat nu geus kolot pisan. Urang Arab oge patuh pisan kana
ZAKAT (hukum Islam).
3. Tara aya/ jarang awewe urang Arab nu tigebrus kana pelacuran. Van den Berg
ngan nimukeun saurang Arab campuran di Bangkalan nu milih jalan sesat ieu.
Tingkat kriminalitas di koloni Arab di Hindia Walanda ( Indonesia ayeuna)
kacida leutikna.
4. Salah sahiji sifat nu dipuji ku Van den Berg, urang Arab Hadaramaut kacida
ngahargaanana kana peradaban jiwa jeung kana elmu karesep maranehna: teologi,
juripendensi jeung khususna tata basa. Cenah dasarna mah urang Arab kacida
ngahargaanana kana "penjelejahan elmu".
Ari sifat gorengna:
1. Boga sifat ngalawan wae (menentang), selera kana "berperkara" cukup gede (
cocog saperti disebutkeun MH). "Pasea" (pertikaian) teu beres-beres jeung Kiai
pribumi soal agama Islam. "Pasea" jeung Kiai pribumi ieu teu dipikaresep ku
pangawasa Walanda sabab dina "piagam penjajahan", para pendatang (boh eropa
atawa Timur asing) teu meunang pipilueun dina urusan Agama Islam.
2. Peditna luar biasa. Akibat ku peditna ieu, sakapeung maranehna jadi korban
ku kapeditanana sorangan.
Baktos,
WALUYA