teh naning, wilujeng sumping :)
hanjakal, teteh hanjakal
pas teteh gabung, lembur keur suwung
teu cara baheula-baheula
di lembur euyeub banyol daria

lamun hayang papanggihan,
ayeuna mah rada susah
papada riweuh ku pakasaban
papada hese nyesakeun waktu.

tapi sanajan kitu, ieuh teteh
peupeujeuh ulah kaluar deui
omat ulah balik deui
keun da saurang-saurangeun mah aya

aya kuring, aya kang kumi
aya jang dede, aya mang jamal
aya apih sidik, aya wa tito
aya neng mia, gia, jeung tia
jeung rea-rea deui.

eta cenah hayang neang facebook,
seug gera buka ieu ngaran.
Irpan Rispandi



On 06/10/2010 02:13 PM, naning fh wrote:
punten bade ngiringan..

kaleresan abdi enggal keneh janten anggota milis urang sunda ieu. bade tumaros ari kagiatan nu sok dilakukeun ku perkumpulan milis ieu naon wae nya? kaleresan abdi linggih di jakarta, sok hoyong ngiringan ngumpul2 sareng dulur2 urang sunda di jakarta. mugi tiasa diinfokeun pami aya kagiatan kapayun na nya.

hiji deui, ari selain di milis, anggota milis urang sunda garaduh facebook henteu nya? pami aya kan tiasa langkung kenal bari tiasa ningali fotona

hatur nuhun

salam

naning






--
Aing teu gableg BlackBerry

Kirim email ke