Basa keur nyaba ka leiden, panggih jeung babaturan kang Rachman (nu gaduh
milis [email protected]) tea. Nya panggihna di imah kang Rachman
di Wassenar. Ceu Tuti Coelen Atmawijaya. Urang Cikutra Bandung. Lalakon
hirupna rame : beres kuliah ti biologi unpad, ceu tuti ngadongeng, "pan
sayah mah hideung, jadi teu payu di bandung teh" cenah. Haha. terus ka bali
jadi dosen di universitas udayana. Dua taun ti harita, ngalamar beasiswa
australia pikeun sakola master, nya lulus terus, sakola di universitas
australia. Tapi teu rengse. Sabab dosena, Robert Coelen, urang walanda nu ti
lulus SMA, sakola ka australia nepi ka PhD widang virology (duka tah, naon
eta, tanya  Kumi) ngajak nikah.  12 taun di australi, boga budak dua, andrea
(13) jeung cynthia (11), istri wungkul.  Lalucu, maklum Indo. Di kampus
australi eta, terusna Robert ngurus urusan internasional kampus. Jabatan eta
diteruskeun di universitas leiden, vice president of international office.
Nya ceu Tuti oge milu pindah ka walanda. nya di bumi kang Rachman harita
pendak oge jeung Robert Coelen. Si kuring sok nyebut Meneer, tapi ceu Tuti
nyaram, sebut we Robert cenah. Haha. rada kagok, sabab sacara adat sunda,
umurna saluhureun jeung sacara akademik, senior (PhD). Ayeuna Meneer Robert
pindah gawe ka universitas di Leuwarden, walanda kaler.

Ti harita mindeng diajak ka imahna di sisi Leiden, ceu tuti nyebutna pulau,
sabab komplek imahna (lolobana dieusi ekspatriat) dilkurilingan ku kanal.
Taun baruan 2010 jeung si Riva nu ngahaja datang di helsinki finland, di
bumi ceu Tuti, maen petasan ngapung tea. Sasab heula da salah nempo peta
dina Google map, haha. si horeng ceu Tuti teh resep nulis. Nya alesanana mah
loba waktu luang.

Ku sabab cenah di walanda mah teu meunang gawe, alatan urusan ijinna can aya
(tuti boga passport australi, sedang Robert mah dwi-kewarganegaraan,
australi-walanda), nya dina waktu luang beres ngurus rumah tangga teh nulis.
Novelna nu dipedalkeun indie, kamari diloncing di YPK parapatan braga.
Judulna kutunggu dirimu di yunani. Panitia atawa sohibul betna, PP-SS,
paguyuban panglawungan sastra sunda. Kang godi suwarna di fb kungsi nanya,
naha novel basa indonesia diloncing ku pp-ss, nya cek ceu Etti RS, pupuh
PP-SS, salah sahiji alesan sabab nu nulisna asup ka S tungtung (sunda, urang
sunda). Hehe. Ceu Tuti ngaku gempeur sabab teu biasa cenah, ongkoh da nulis
novel oge ngan ukur ngeusi waktu luang. Ari carita nu ieu mah,
ngalalakonkeun urang Subang, Amalia, Lia, nu meunang beasiswa sakola ka
universitas Leiden terus meunang hadiah dina acara tv, piknik ka Kroasia,
jst. Panggih jeung Pieter, bule londo duda anak dua, jst. Nya carita wanoja
US nu nyaba di eropa kitu. Duka tah resensina make basa inggris ku Hawe
Setiawan geus di upload atawa acan di sundanesecorner.org. blog eta ku hawe
diniatan pikeun promosi budaya sunda ka jauhna. Jadi make english.

Acara poe saptu 12 juni kamari kaitung lumayan. Malah Prof Saini KM-salah
saurang inohong sastra US oge budayawan- oge kersa sumping. Kang Adang S,
pangarang Sunda nu pangsiunan tangtara, ceu Aam Amalia, Tini Kartini
-sababaraha pangarah senior,  soni farid maulana, panyajak entragan acep
zam-zam noor , jrrd. Nu ngabahas novel eta Hawe Setiawan jeung ceu Ninon,
(Dr Safrina Noorman Soemadipraja, dosen english departement UPI). 

Isuk ceu tuti mulang ka walanda. Di bandung ngan tilu minggu. Waktuna beak
keur reuni jeung babaturan cenah. Ngahaja teu mawa kulawarga, da ari mawa
kulwarga teh teu pati bebas kaasup nginepna ge di hotel cenah. Ari sorangan
mah bisa ngendong di bumi sepuhna. Barudakna geus nelpon cenah, "mom, I miss
your cooking." Hehe. 

Wilujeng angkat ceu, kumpul deui jeung kulawarga di walanda.

Kirim email ke