Sawios atuh pami si kuring milih “pendapat nu sanesna” wae nya?





From: Mohammad zen




 as = alaihissalam... dianggo kanggo penetapan, lamun radhiallahu anhu mah doa 
( semoga Allah meridhai) ... bedana ari penetapan mah maksadna eta jalmi teh 
pasti salametna... ku kituna disebatna jalmi suci atawa maksum. naha maksum 
salain nabi aya? aya samodel sayyidah Mariam as , Imran, Ibuna NAbi musa as, 
dll oge maksum sanes nabi...
lamun ahlulbaet nabi disebat suci (maksum) kulantaran disebatkeun dina Al ahzab 
33 .. disebatkeun ku ta'kid ( TEGES) wayuthahhirakum tathhira  artina nu suci 
nu disucikeun...

biasana kaum tarikat atawa kasufian oge nyebatkeunana kitu , nyaeta FAtimah 
Zahra as.
Imam ali as lahirna di jero ka'bah ( moal mungkin we lamun indung na oge teu 
suci) coba lamun akang naek haji aya kabah anu rada retak ngajorok kalebet, tah 
eta teh tempat mukana baheula ambuna Imam Ali as asup ka eta Ka'bah pikeun 
ngalahirkeun Imam Alias.( HIji kakuasaan allah)
Abu Thalib (rama na Imam ALi) saur sabagean nyebatna kafir, tapi lamun ditilik2 
haditsna seueur karancuan samisal hiji sahabat anu nyaritakeun kakafiranana 
tapi anjeunna ( eta sahabat nabi teh) teu sajaman jeung meninggalna Abu thalib.

nu kadua , katerangan ti Rasul sareng Imam Ali yen aki2na nepi ka adam teu aya 
jalmi anu musyrik., kabehna jalmi anu tauhid.

lamun dina elmu filsafatna mah : anu suci moal bijil tina anu teu suci, tapi 
tina nu suci bisa bijil anu teu suci (kulantaran dikotoran ku amal perbuatanana)

ieu saur pendapat ...anu kuat... mumkin aya oge pendapat nu sanesna...anu sanes 
kitu oge...

Kirim email ke