lucuuuuuu pisan..nepi ka seuri teu eureun-eureun yeuuuh..

mantabs lah





________________________________
From: jangdede <jangd...@gmail.com>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thu, June 24, 2010 12:30:44 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] ISTILAH ISTILAH MENGBAL

  
Gelo eta kang TUGIR...
Sikuring tepikeun ka babarakatan macana.
Edan eta ide...
Palebah aya istilah balik sumedang meni jijieunan pisan.
hahhahah
 
 
 
Edan!


2010/6/22 TukangGiribig <tukang.giribig@ yahoo.co. id>

  
>Istilah istilah mengbal nu aya di d'Weureuz (http://www.facebook .com/group. 
>php?gid=11137347 2550&ref) tapi euweuh dipiala dunya.
>
>1. Barut = gaganti bal buliter,bal palastik atawa bal karet anu dijieun tina 
>kararas jeung bagedor cau, nyieuna dianyam atawa dirajut
>2. Burut = gedena bisa sagede bal ngan teu bisa ditaplek
>
>3. Balik Bandung = nalapung bal melentung katukang
>
>4. Balik Sumedang = beak tol cileunyi lempeng saeutik, manggih parapatan belok 
>ngatuhu bras weh
>
>5. Babajeg = naplek tihang gul, lantaran nalapung bal ka gul lawan teu asup 
>asup
>
>6. Barung = naplek bal babarengan, kadang nubarung sok perepet jengkol 
>jajahean,lamun bal nu ditaplekna nyalamprang kana bincurang
>
>7. Bobotoh = nu surak,nu ngahuit, nu hitut pangtarikna mun asup bal ka gul 
>lawan
>
>8. Dua belas pas = lamun nek tendangan pinalti diukur heula 12 lengkah ti 
>tihang gul, dipilih nulengkahna jauh meh jarakna leuwih anggang tigul
>
>9. Dua belas rebu pas = harga tilu koloreun dicimol
>
>10. Geber asem = bal nyangsang dina tangkal asem sisi lapang, meh murag kudu 
>digeberkeun heula
>
>11. Hahaok = nyarekan lawan lantaran nek ngasupkeun sungutna diwewelan curuk 
>anu samemehna diasupkeun heula kana bujur
>
>12. Morosot = nyekelan kolor lawan nepikeun kapegat karetna
>
>13. Nengkas = ngait suku lawan titukang, rarasaana keur merik copet
>
>14. Ngiihan gul = meh meunang, gul lawan dikiihan heula
>
>15. Ngajag = pamain bek maju kahareup bakating kuhayang ngasupkeun
>
>16. Ngalas = cicing wae dihareupeun gul musuh nungguan bal datang, kadang 
>nepika nundutan da balna teu jebul bae
>
>17. Ngelus = ngome anu sagede bal kasti bari lalajo mengbal
>
>18. Wajib = diulang tinomer hiji dibaca 100 x, mun lulus dibere hadiah nomer 
>16 mun teu lulus wayahna nomer 2
> 
>(tulisan SR meunang copas ti http://www.facebook .com/group. php?gid=11137347 
>2550&ref) 

 


      

Kirim email ke