Ieu mah tambi combrek we...

Teu dilembur, teu di Korea, mun aya toko, mall, departement store (di Korea) 
ngayakeun obral (Sale..!) pasti pada nyerebu kunu balanja, anu sakapeung mah 
jadi sabab kamacetan jalan-jalan ka arah eta mall.
Biasana mall-mall ngayakeun obral milih dinten-dinten sateu acan lebaran, taun 
anyar
dinten-dinten saparantos para pagawe garajian. 
Hal ieu ngaleketek anu balanja, anu tadina niat meser dua tilu rupi barang, ari 
tos blus
mah ka mall, ieu pikabitaeun, itu pikabitaeun, dibibitaan ku harga potongan, 
antukna
balanjaan jadi beukah dua tilu kali lipet.
Tapi ..naha enya eta harga barang-barang teh harga obral...?, naha enya barang 
anu diobral teh barang-barang anu masih pantes dijual..?

Ieu mah urang nyarioskeun akal-akalan departement store di Korea sabaraha taun 
kapengker, namung harita para oknum-oknum di departement store, tos dijiwiran 
ku kajaksaan, saparantos kenging pangaduan ti "Lembaga Konsumen".
Anu salajengna mah wallahu alam, eta oknum-oknum teh, duka di alung-alungkeun 
ka pangberokkan atanapi didenda ku pangadilan, kaleresan wartana teu kasaksian.

Bilih we akal-akalan ieu dipraktekkeun ku mall-mall di Indonesia, da geuning 
tos seueur
mall-mall nu aya di urang gagaduhan urang Korea.

Keur barang-barang sanes dahareun, contona pakean ;
1. Ulah meser pakean anu diobral, upami urang teu terang harga waktos teu 
diobral.
    Praktekna : sapotong baju kaos harga biasa Rp. 50.000,- 
                      harga waktos obral Rp. 80.000,- potongan 30% jadi harga 
waktos obral
                      Rp. 56.000,- (ieu mah samisal).

2. Pakean-pakean ekspor anu ditolak (reject) kunagara calon pangimpor, 
kulantaran  
    ukuran teu pas, ngagarapna henteu rapi, kaputanana anu ramijud, kancingna 
aya
    nu teu kapasang atawa liang kancingna anu teu acan diliangan.
    Dina hal ieu urang kedah taliti mariksa eta barang, upami eta kakirangan 
dianggap 
    jamak, nya teu nanaon bade dipeser mah.
    
3. Pakean-pakean anu tos mangtaun-taun digudang, dimana engke tos diseuseuh dua
    tilu kali sararoek.
    Cara milihna, ambungan eta pakean, upami teu kaangseu bau bahan, hartosna 
eta
    pakean tos lami di gudang.

Barang-barang dahareun, ati-ati meser dahareun anu diobral ;
1. Tiasa janten eta kadaharan tos kadaluwarsa, titenan tanggal wates 
kadaluwarsana,  
    upami tanggalna di cap ku mangsi khusus, naha aya tilas mupus atanapi 
henteu, upami 
    ditempelan karetas rapet (sticker), naha aya tilas ngagentos atanapi 
ditumpangan   
    (stickerna dua lapis), upami stickerna dua lapis, tangtos lapisan anu 
kahiji tanggal anu
    tos kadaluwarsa.
2. Kadaharan anu ampir kadaluwarsa, urang nyandak conto susu budak, urang 
terang yen
    budak urang nyeepkeun susu sakaleng unggal sasihna, harga biasa (teu 
diobral)
    sakalengna Rp. 50.000.
    Waktos obral, biasana sok diical sapaket-sapaket, anu sapaketna aya tilu 
kaleng kana
    pangaos Rp. 100.000.- padahal umurna eta susu kaleng kantun dua sasih deui.
    Janten susu anu sakaleng mah bangkar, dipiceun da tos kadaluwarsa.

Mangga sakitu we, malah mandar janten tambihan pangaweruh kana praktek-praktek 
"obral" di Korea, etang-etang tambi gado ngaburayot.

Pihatur,
ssw.
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa 
dibikeun ka kiSunda



 



  






      

Kirim email ke