Naon beja nu haneut ayeuna? Salah sahijina Laporan Majalah Tempo perkara 
rekening "teu wajar" para Jenderal Pulisi. Laporan majalah Tempo ieu 
nyababkeun pulisi siga nu "janggotna kahuruan", biasa bela diri jeung arek 
nuntut Tempo sacara pidana jeung perdata. Anehna nu dimasalahkeun ku pulisi 
teh lain eusi beja laporanana tapi coverna majalah Tempo, nu ngagambarkeun 
saurang jendral pulisi nuntun (disered) babi ...hehehe. Ceuk saurang 
panggede pulisi cover eta ngahina Pulisi, sabab nyaruakeun pulisi jeung 
babi.

Wah sigana gara-gara laporan Tempo ieu, Pa Pulisi jadi sensitip pisan, 
tepika gampang kasigeung. Poho yen geus ti baheula mula, urang Indonesia sok 
neundeun duit dina cengcelengan. Sedengkeun kecap /cengcelengan/ sigana tina 
kecap  /celengan/ -> /celeng/ nu hartina bagong. Jadi gambar babi dina cover 
eta ngalambangkeun tempat neundeun duit alias rekening ..heuheu.

Saena mah Pa Pulisi lamun bade tantat-tuntut teh diemut heula, ulah maen 
peletak nyarios di media asa disaruakeun jeung sato/bagong. Karunya ka 
pulisi-pulisi nu balageur, jadi kabawa-bawa "diseungseurikeun".

Wilujeng Tepang Taun Pak Pulisi!

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke