Juara 1 - 2 - 3 - 4 Can dibuka ke meureun tanggal 12 Juli 2010.
Nu tos jelas ayeuna mah nyaeta nomer 5 nepi ka Nomer 32
Ieu urutan teh keur ngitung Akumulasi Urut2an pikeun sagemblengna
Team Nasional Sadunya; nu engkena nangtukeun seeded dina
pertandingan2 nu diayakeun ti taun 2010 nepi taun 2014.
Upami teu aca KIAMAT ( hehehe cenah 2012 )
1. Kosong keneh 2. Kosong keneh 3. Kosong keneh 4. idem kosong
5. Ghana 6. Brazil 7. Paraguay 8. Argentuna 9. Japan 10. USA
11.South Korea 12. Sovakia 13. Portugal 14. Mexico 15. England
16. Chile 17. Ivory Coast 18. Slovenia 19. Switzerland
20. South Africa 21. Australia 22. New Zealand 23. Denmark
24. Greece 25. Serbia 26. Italy 27.
Nigeria 28. Algiers 29. France
30. Honduras 31. Cameroon 32. North Korea
Naon sababna Ghana aya di urutan ka 5 ? Lantaran elehna make adu penalty.
Terus Brazil lantaran elehna 1 - 2 ; masih bisa ngasupan 1 gol. Ari Paraguay
mah kapan elehna 0 - 1 ku Spain; jadi teu bisa ngasupan gol.
Disusul ku Argentina ; lantaran elehna 0 - 4 ! Ku Jerman.
Di parapat Final Pangalusna Japan, lantaran elehna adu penalty jadi aya di
urutan
ka 9. Pang moyodokna Chile lantaran eleh ku Brazil 0 - 3. Ari England 1 - 4
ku Jerman; masih ngasupan hiji gol. Jst jst.
Dina waktu ieu urutan dunya teh ( nurutkeun May 2010 ) :
1. Brazil = 1,611 2. Spain = 1,565 3. Portugal - 1,249 4. Netherlands = 1,231
5. Italy = 1,184 6. Germany = 1,062 7. Argentina = 1,076 8. England = 1,068
9. France = 1,044 10. Croatia =1,041 11. Russia = 1,015 jst jst
Tah engke bakal dikalkulasikeun jeung hasil WC2010; tangtu aya parobahan.
Boh robah jadi naek, boh jadi turun.
Brazil sigana mah tetep jadi kahiji. Mungkin ranking kaduana Spain atawa
Netherlands; atawa oge Germany.
Portugal mungkin turun, kitu deui England.
Ghana mungkin naek tina urutan 30an mungkin jadi duapuluhan.