ieu mah lain hancaeun memeh mumuluk, kang... heuheu.

lain maksud rek meunggaskeun harepan, kuring salila ieu loba ngahanca
alihbasa di translatewiki.net (aya sababaraha proyek anu dipigawe di dinya,
di antarana MediaWiki anu dipake ku Wikipedia spk). Olaaaab...

weureu ti dinya, pikeun refreshing, kuring nyobaan di pootle nyundakeun
sopwér anu paling basajan: Tux Paint - sopwér ngagambar pikeun barudax.
program anu kaitung basajan eta wae merlukeun alihbasa sarebuan
kecap/kalimat/paragraf. kakara ge sababaraha siki, abox...

jadi, intina, pigawéeun model kieu teh siga nu gampang tapi horeng lain
jore-jore. lamun erek, urang kudu digawe ngebut (ngarah teu tinggaleun,
sabab kangaranan sopwer sok aya updatena anu tangtuna kudu ditarjamahkeun
oge) bari dipigawe sacara rereongan ku komunitas. riweuhna teh, deuih,
proses alihbasa rupa-rupa sopwer teh dipigawe di mana-mendi, teu saimah.
antukna, susah ka urangna pikeun bisa ngabandingkeun tarjamahan ti hiji
sopwer ka sopwer anu sejenna.

sikandar
kumincir.blogspot.com

2010/7/5 ilham nurwansah
>
>   Neda pituduhna ti baraya Sunda sadunya, kuring boga kahayang
> narjamahkeun OS Ubuntu kana basa Sunda. . . .
> pikeun eta pamaksadan, kuring nyobaan ngadaftarkeun grup panarjamah Ubuntu
> kana basa Sunda di
> https://translations.launchpad.net/ubuntu/lucid/+lang/su
> namung duka kudu dukimahakeun deui. . .hehe
> mudah2an para wargi sadaya tiasa ngabantosan.
> diantos pisan partisipasina ku janten anggota tim panarjamah ubuntu basa
> sunda.
>

Kirim email ke