karinding attack nu kasebut dina artikel kompas di handap geuning boga
myspace. di dinya aya salagu hasil gawena. instrumental nu ngadumaniskeun
karinding jeung toleat, suling, celempung jeung sora jalma.

tah ieu tumbuna: http://www.myspace.com/karindingattack

<http://www.myspace.com/karindingattack>dudi

2010/7/7 Dudi Herlianto <dudi.herlia...@gmail.com>

> kuring kungsi dibere karinding ku urang kampung sindangbarang. ngan nepi ka
> ayeuna teu kungsi bisa nyadakeuna, bilet jigana kana urusan musik mah. di
> dieu, di milis ieu ge kungsi dibahas ngeunaan alat musik unik ieu.
> penyebaran ieu alat musik teh meh aya di unggal tempat. aranna memang beda,
> nu paling kakoncara di google, awas haram nu ieu mah!, jew's harp, harpa
> yahudi. di bali nu samodel karinding aya oge, ngaranna genggong. kang 
> yoyo<http://yoyoyogasmana.multiply.com/journal/item/1>,
> seniman sunda, dina multiplyna nyebut alat musik samodel kieu teh zeusharp.
>
> tah dina kompas poe ieu, hal 16 saurang seniman sunda urang cipacing nu
> micinta karinding, endang sugriwa alias abah olot diangkat jadi figur
> inspiratif. hanjakal, basa neangan tumbu (link) sangkan ieu artikel bisa
> dikirim ka ieu milis teh hese, teu nimu, nu aya ukur e-paper nu kapaksa kudu
> disimpen dina bentuk gambar. gambarna dikantetkeun di handap.
>
> dudi
>
>
>


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke