Para saderek sadaya, baraya Ki Sunda ( sanes milis kisunda ); nu aya di Milis
kisunda, tasik, sareng UrangSunda @Yahoogroups.com. ; Pesta Mengbal sadunya
parantos lekasan pas shubuh tadi di urang mah. Sakitu lamina eta pesta teh,
kalintang
ngundang perhatosan sadayana; utamina kanggo no hobby ka na masalah mengbal.
Pogotna eta nonton mengbal sadunya teh, katambihan ku babadean; aya oge malihan
mah anu nganggo artos sagala; eta teh ku resep2na; bari panginten aya hiji bakat
terpendam, nya eta bakan maen atanapi JUDI tea. Hehehehe.
Seueur para ahli "prediksi" atanapi "ramal" BOLA nu nyamos ngegel curuk,
lantaran
prediksina teu tepat sama sakali. Waktos ngawitan ieu PESTA mengbal sadunya
dibuka, seuseueurna nu ngajagokeun teh, ka Brazil, Jerman, Argentina,
Inggris,sareng
Italy; teu aya atawa saeutik pisan, nu nyepeng Sipenyol atanapi Walanda mah.
Malihan mah, seueur keneh ngajagokeun Portugal, lantaran aya CR7 tea.
Simkuring oge, barang mitembeyan WC2010 teh ngajagokeun Inggris sareng
Argentina.
Teu Brazil, lantaran bosen, piraku eta2 wae nu bakal jadi Juara teh ?
Tah kapan Inggris mah di perdelapan Final oge, digilas ku Team Panzer Jerman.
Pon kitu deui Argintina digiles oge; dugi ka 4 - 0 !
Katingal pisan, yen Jerman nuju di na puncak2 FORMNA. Katambih seueur pisan
pamaen nu masih relatif ngarora; pantes pisan , upami Jerman jadi Juara teh.
Tiharita kapan murudul pisa ngafavoritkeun Jerman, nu bakal jadi Juara WC2010
ieu.
Lantaran kapan Brazil ngajungkel manten, ku Walanda.
Tah ti harita kuring oge pindah milih jago teh. Tapi tos seepeun. Da kapan
piraku, sadaya milih Jerman mah. Atuh moal rame. Nya akhirna mah Kuring teh
milih sipenyol;
Kang Jalak milih Walanda; ari Kang Gunawan Yusuf Jerman pisan cepenganana teh.
Kang Oman mah Uruguay; Greg oge milihna Walanda. Kumincir Jerman.
Akhirna mah ku pasesaan pamilihan ieu teh, nu meunang NEBAKNA bari teu aya
Hadiah, nya eta : Hiji sim kuring duang mh !
Da kapan mh mah, milihna ka nu meunang tea; masing leres oge anjeunna milih
NADAL surnah. Tapi teu togmol sipenyol !
Tah mh teh tepat pisan di na nangtoskeun pilihanana ka sing saha wae nu MEUNANG.
Hahahahaha............................
sareng