Eeee ladalah..............    Ieu kuda gumeulis, menta dikawin ku jelema ?
Hahahahaha................ nya teu naon2 ..............sok kaula peuntaskeun; 
ngan poma
sampeyan waspada, kuda ! Lamun gagal, ulah sambat kaniaya. Tinangtu sampeyan
ku Kaula dibinasa; tuman. Lantaran wani ngunghak ka manusa,"

"Hiiihiiii..............em, sok atuh andika naik ka tonggok Kaula; bakal 
dipeuntaskeun."

Atuh Bambang Kombayana enggalna taki2 , teras luncat ka na tunggang kuda; mani
raoseun eta bambang Kombayana calik di na luhur Kuda. Eta Kuda mundur heula
sababaraha lengkah, terus siga nu kunyam kunyem mapatkeun jangjawokan..........
teu kantos lami.............serebet eta kuda lumpat teras luncat, Bambang 
Kombayana
mani tipepereket ngarangkul eta si Kuda Bikang, da mani asa ngaguruh angin
nu niup ka anjeunna ku tarik2na eta kuda lumcat. Kuda teh nya ta sakti, salian 
ti
tiasa nyarita kawas manusa, luncatna eta Kuda luhureun cai, estu lir ibarat 
ngapung;
da ngalayang, ti peuntas beulah dieu ka beulah ditu teh, ngan ukur sakedet 
netra pisan.

Barang Kuda eta napak peuntas ditu; Bambang Kombayana lajeng luncat, bari bingah
yen anjeunna tos tiasa meuntasan eta Walungan anu sakitu legana. Tapi barang 
bade
angkat, anjeunna ras emut, yen aya jangji ka Kuda Bikang. 
Aduh.............kumaha yeuh?
Anjeunna nyaur salebeting panggalih, Kaula geus asak jangji ka Kuda; piraku 
manusa
makhluk nu Mulya; eleh ku Kuda, ah keun we da euweuh ieuh nu nempoeun ka aing.
Ieu mah Rasiah aing sorangan." Nya tos gilig kitu mah, enggalna Bambang 
Kombayana
nyaketan eta Kuda Bikang, bari diusapan. Teras ngandika :

"Emh, sakadang Kuda, sukur bagja kumayangan, sampeyan geus hasil meuntaskeun 
Kaula. Tah ayeuna Kaula seja nyumponan jangji ka sampeyan,."

Duka Kumaha eta kuda teh bebenger mani tarik, sareng ajrut2an; di na eta 
ajrut2an
sareng ajrag2an kitu, Bambang Kombayana kaget mirengna 
ningaliiii.........Oooooo....
Katingalna ku Bambang Kombayana eta Kuda teh teu katingal Kuda deui, tapi estu 
Istri
sajati. Geulis bawana ngajadi, endah bawana ti kudrat. Geulis bawana ngajadi, 
endah
lain pupulasan. Katingalina Ku Bambang Kombayana ieu nuju geulis teh nu GOYANG 
INUL anu ngagugah birahi; atuh Bambang Kombayana teh, nu nuju sedeng2na ningali
istri geulis, bari teu aya salambar benang nu jadi hahalang; ngan sakilat 
Bambang
Kombayana ngarontok bari ngarungrum ka ieu si Kuda Bikang. Nya salajengna mah
TIDAK LOLOS SENSOR.............................

Saparantos rengse eta, si Kuda nyarita yen Bambang Kombayana kudu jadi salaki,
eta kuda nepi ka kuda boga anak, sareng eta orokna kedah dirorok ku Kombayana.
Nya Kombayana teh satuju bae; lantaran memang di na ngumpul babrengan teh,
Bambang Kombayana sakapeung ningali waruga Kuda; tapi sering pisan ningali eta 
teh istri anu kalintang geulisna. Nya atuh di na waktos 1 taun eta mah, Bambang 
Kombayana teh kapegat lampahna ka Pancala ; ku margi nedunan pamenta eta si 
kuda bikang.


Hanca.......................
 




      

Kirim email ke