Urang diajar sajarah Islam, yu!, sugan moal combrek kieu. Kuring rek 
ngadongengkeun sakanyaho kuring, yen baheula kungsi kajadian antara Khalifah 
(pamimpin spritual agama Islam) jeung pangawasa (sultan) dijabat ku beda 
jelema. Jadi ngaharib-harib siga agama Katholik, aya Paus, salaku pamimpin 
agama, jeung aya deui Raja salaku pamimpin nagara. Caritana kieu, waktu di 
taun 1258 M, Puseur Kakhalifahan Abbasyiah, Bagdhad diserbu Bangsa Mongol 
bebeakan. Khalifah Al-Musta'shim Billah (640-656 H/1242-1258 M) perlaya ku 
tantara Mongol. Akibatna Kakhalifahan Islam jadi vakum.

Di jaman harita, di Mesir ngadeg hiji dinasti karajaan, disebutna teh 
Dinasti Mamluk. Urang Mamluk sabenerna aslina urang Turki. Marenehna tadina 
budak beulian nu dijadikeun tantara keur kaperluan pertahanan para Khalifah. 
Tapi lila-lila para budak ieu ku kamampuanana mangaruhan tantara sejen jeung 
rakyat, ngangkat diri jadi Sultan. Dinasti Mamluk mimiti ngadeg taun 1249 M 
(jadi 10 taun samemeh Bagdhad diserebu Mongol).  Saeunggeusna Bagdhad ancur, 
Mamluk nu sultanna Sultan Baybars perang jeung urang Mongol tepika urang 
Mongol bisa dielehkeun. Sultan Baybars saterusna neangan sesa turunan 
Khalifah Abbasyiah, nyaeta Akhmad, nu saterusna dibawa ka Mesir terus 
diangkat jadi Khalifah jeung sang Sultan sumpah ngajangjikeun kasatianana. 
Ku jalan kitu sang Sultan boga Legimitasi ti Khalifah dina mimpin nagara. 
Tah ti saprak harita jabatan Khalifah jeung jabatan Sultan teh misah. Kunaon 
lain Sultan Mamluk wae nu ngajabat kabeh dua jabatan ieu? Sigana mah urang 
Mamluk teu wani ngalanggar aturan yen Khalifah teh kudu ti Suku Quraisy 
(cenah mah ieu teh hadist Nabi).

Cukup lila dinasti Mamluk kawasa di Mesir ti taun 1249 M tepi ka 1517 M (150 
taun leuwih). Kakhalifahan Abbasyiah oge tetep ngadeg di Mesir, sanajan para 
sajarahwan nyebut para Khalifah ieu, Khalifah "boneka", da puguh teu boga 
kakawasaan nanaon, ngan diperlukeun keur ngalegimitasi kakawasaan Sultan 
Dinasti Mamluk wungkul.

Kacaritakeun di Turki, mimiti ngadeg hiji Dinasti nu kasohor Dinasti Turki 
Usmani atawa sering oge disebut Turki Ottoman. Nu ngadegkeun dinasti ieu 
aranna teh Usman nu ngangkat diri jadi Sultan di taun 1288 M. Dinasti ieu 
mimiti mah wilayahna leutik, tapi ku kamampuan perangna jadi ngalegaan malah 
akhirna bisa naklukeun Konstantinopel. Waktu turunan Usman, Salim I jadi 
sultan, Turki Ottoman nyerebu  karajaan Mamluk di Mesir, karajaan ieu taluk 
di taun 1517 M. Harita nu jadi Khalifahna Al-Mutawakil. Al Mutawakil ku 
Selim I "digusur" ti Kairo ka Konstantinopel, geus kitu dipaksa kudu 
nyerahkeun jabatan Khalifahna ka Selim I, nyaeta ku jalan nyerahkeun Pedang 
jeung Jubah Kangjeng Nabi Muhammad. Tah ti saprakna harita jabatan Khalifah 
jeung Sultan dijabat deui ku saurang sanajan Salim I teu boga teureuh ti 
Suku Quraisy (Nu hartina ngalanggar aturan (hadist) yen Khalifah kudu ti 
Suku Quraisy). Jeung ti saprak harita kota Konstantinopel (Bizantium memehna 
mah) aranna diganti jadi ISTAMBUL.

Dinasti Kakhalifahan Turki Ottoman  kawasana lila, tepika ambruk di taun 
1924, ku Mustafa Kemal Attaturk. Pedang jeung Jubah Kangjeng Nabi, cenah mah 
masih aya keneh tepika ayeuna, nyaeta di museum Topkapi (urut istana para 
Khalifah) di Istambul.

Cag ah, koreksi lamun aya nu salah .....

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke