Bulan Sya’ban Bulan
Rasul saww
Rasul saww ngadawuh : Bulan Sya’ban
bulan abdi , saha anu puasa di bulan ieu ( ku niat cinta jeung taqarrub ka
rasul) wajib kanggo anjeunna syurga.
Imam Maksum , samisal Imam Ja’far
as dina ieu bulan osok ngawanti wanti dina ieu bulan, supaya ngalaksanakeun
puasa di ieu bulan.
Imam Ali zaenal Abidin as
ngadawuh : abdi bersumpah demi bapak sim kuring HUsein ibn Ali as yen anjeunna
ngadawuh ngadangu ti bapakna Amiril Mukminin Ali as , dimana ngadawuh cing saha
anu puasa di bulan Sya’ban kulantaran Mahabbat (cinta jeung rindu) ka rasul
saww (Muhammad saww) jeung taqarrub ka Allah SWT , diakhirat Allah ngajadikeun
anjeunna di maqam anu deukeut ka Anjeunna jeung wajib ka anjeunna Syurga.
Ku kituna seueur dia kitab doa
para Imam maksum as anu terkumpul dina kitab MAfatih Aljinan perihal amalan
dina ieu bulan samisal :
1. Saum sabulan atawa minimal
sadinten
2.Maca doa 70 Kali setiap
dintenna : Astaghfirullaha wa asaluhu attaubah
3. 70 kali maca : astaghfirullaha alladzi laa
ilaahailla hua arrahmaan arrahiim alhayyu alqayyaum
4. Jeung nu sanesna…
Salain didinya dina ieu bulan oge
seueur hari raya besar kelahiran para Imam diantarana Kelahiran Imam Muhammad
ibn Hasan Al mAhdi almuntadzar ( Imam Mahdi as) anu lahirna tahun 255 H di
Samarra Iraq anu ayeuna nuju kaayaan Ghaib qubra.
Hari Besar BUlan Sya’ban :
1. Kelahiran Imam HUsein Ibn ali
as (3 Sya’ban)
2. Kelahiran dulurna Imam Husein
Abal Fadhl Al-‘abbas as , pahlawan pembela keluarga nabi di Karbala, nepi ka
syahadah ngabela keluarga nabi..(4 Sya’ban)
3. Kelahiran Imam Ali ibn HUsein
Zaenal Abidin as (5 Sya’ban)
4. Kelahiran putrana Imam HUsein
Anu Syahid di karbala Ali Akbar as
5 KELAHIRAN IMAM MAHDI (255 Hijriah
di samarra, 15 Sy’ban) anu dikenal ku urang NISFU SYA’BAN. Anu bakal dzuhur
ngadeg di payuneun Ka’bah.
Mudah2an dina mielingan ieu Bulan
urng bisa leuwih ngadeukeutkeun deui ka rasulullah saww, jeung keluargana
sareng tiasa inget jeung ngagaduhan pengaharapan anu Ageung kanggo bangkitna ummat
islam anu dipimpin ku IMAM MAHDI as di akhir zaman .
Zen