Teu acan kulan; kapan ka Pancalana oge teu acan atuh...........
--- In [email protected], Eman Suherman <emankutam...@...> wrote:
>
> Eeeeh tamat geuning, ngahaturkeun nuhun ka saderek Abbas Amin, leres rame
> yeuh, sim kuring macana dugika rengse. Lawas ti lawas tara maca deui lalakon
> wayang teu siga baheula jaman keur budak. Sakali deui nuhun.
>
> --- Pada Sab, 17/7/10, Abbas Amin <abas_ami...@...> menulis:
>
> Dari: Abbas Amin <abas_ami...@...>
> Judul: [Urang Sunda] Kang Yana ka - 10
> Kepada: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda"
> <[email protected]>
> Cc: grek_2...@...
> Tanggal: Sabtu, 17 Juli, 2010, 4:51 PM
>
>
>
>
>
>
>
> Â
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Bambang Kombayana waspada barang ningal Resi Krepa tos lali kana Purwa
> Daksina; wah ieu bahaya si Krepa geus nekad; sabab lamun eta dilaksanakeun,
> eta jurus lain wae ngabahayakeun ka batur, tapi oge ka diri sorangan.
> Ngan........ ..
> aya nganna ............ .. lamun dirina geus mumpuni, masih keneh bisa
> mundur, bari
> salamet. Hahahaha, aing teu nyaho naha si Krepa geus nepi ka puncak ieu Elmu,
> atawa tacan ? Tapi katenjo ku Kaula Ieu si Krepa lumayan oge elmuna; sigana
> mah
> moal matak nanaon; mun tea mah cilaka moal ngabahayakeun nyawana. Keun ku aing
> rek dicoba.
>
> Bari waspada sareng masang kuda2 B Yana teras nyalurkeun tanaga jerona,
> kanggo ngimbangan tanaga nu nuju dikempelkeun ku Resi Krepa; karaos memang
> tanaga
> Krepa ayeuna mah neken ka anjeunna; anjeunna ngaraos dadana rada sesek, enggal
> wae nyirnakeun pikiran, teras narik
> nafas; mung sakedap sesek nafasna tos tiasa
> leungit. Sajeroning nyusun siasat kanggo ngalawan tanaga Krepa; B Yana
> ngagalih,
> yen langkung sae anjeunna nyobian ngelehan ; kahiji bakal salamet sarerea da
> teu dilawan keras deui; kaduana mere hate ka Resi Krepa supaya sadar, tapi
> teu kaeraan teuing.
>
> Tos buleud tekadna enggal wae B kombayana nyalurkeun tanaga lembut teras wae
> nyerang ka Resi Krepa; hasilna ............ ...?
>
> B Komba  Yana ( sanes Thar ); tigugulitik sababaraha kali.
> Resi Krepa saparantosna narik nafas sababaraha kali, enggal ngadeg santery;
> kakara
> gumujeng bari nikmat pisan :"Hahahaha.. ......... .... eh B Yana, memag
> jago andika;
> tapi najan eleh, sampeyan ku Kaula bakal ditikahkeun ka Kerpini, da cek
> ijiran Kaula
> hamo aya deui nu bisa ngelehkeun Kaula; sampeyan untung Kombayana. Hahahaha;
> tapi cing ku Kaula urang tempo bisi wae sampeyan nyeri dijero ?
>
> Enggalna Resi Krepa muru ka B
> Kombayana, nu masih keneh calik na taneuh; lantaran
> saparantos tiggugulitik, anjeunna enggal gugah deui, bari teu rengrot saeutik
> eutik acan.
> Tapi teras we api api lungse, waktos disampeurkeun ku Kripa teh. Teras Kripa
> mariksa raga sareng nafas B Kombayana, bari unggut2an... ......... ...
> "Hehehehe, nyata andika , lalaki langit lalaning jagat, Kombayana. Batur mah
> digebug
> ku Kaula ku Elmu eta, tangtu lastarina; ari andika salian salamet, nafasna
> oge masih
> lemes tur ayem; nyata sampean gagah. Hahahaha, teu salah Kaula ngangkat
> sampeyan
> jadi adi ipar Kaula, hahahaha."
>
> "Wah, aing teh geuning enya tepat pisan ngajalakeun cara ngelehan maneh teh;
> malah
> ieu Si Krepa bodo ( hihihi ); malah jadi nyaah ka aing. ( Wah enyaan geuning
> .Ieu
> meureun nu cek Rama suargi baheula eleh keur meunang teh ,meureun hahahaha)
>
> Enggalna bae Resi Krepa mani dagdag degdeg pisan nampi ka Kombayana, dicandak
> ka lebet padepokan, teras
> dipasihan kamar nu istimewa; cenah mun aya kabutuh, tong
> asa2 parentahkeun we ka sasaha didieu pasti narurut. Saterasna Resi Krepa
> utuh etah
> ka sadayana pangeusi padepokan, supasa apal yen eta B Kombayana teh nu kudu
> digugu ku sasaha. Atuh B Kombayana, bugangang bingah manah, lantaran ditampi
> anu sakitu saena dihormat didama dama ku sadayana.
>
> Enjingna . Waktosna Patemon. Rendengan. Da Krepini oge jol2 resep we ka
> Kombayana
> teh; tadina resep ka orokna ; nya eta B Aswatama; ayeuna ka bapana.
>
> Kumaha ari Bambang Kombayana ? Nya atoh we dijadikeun panganten.
> Keun we aing teu bogoh oge; enya manis oge Kerpini teh; tapi moal nendeng ka
> Dewi Wilutama mah. Ieu mah nedunan jangji we, lantaran aing nyaah ka si Tama.
> Kitu manahna Bambag Kombayana harita.
>
> Ti harita B Kombayana teras we ngempel di eta padepokan Resi Kripa.
> Sa purnama ti harita, B Kombayana diangkir ku raka iparna, yen aya
> badamikeuneun
> surnah. Nya
> atuh B Kombayana enggal wae nyumponan eta uleman.
>
> Di na eta gempungan ; Krepa nyarios yen anjeunna diulem ku Karajaan Astina
> supados ngaping ngajaring sareng ngadidik pala putra Pangagung Astina; di na
> sagala rupina. Tah saur Resi Krepa, langkung sae B Kombayana wae nu ngatik eta
> marurangkalih pangagung Astina teh; tapi B Kombayana nampik; sareng enggal
> wae nyaurkeun yen saleresna mah anjeunna bade nuju ka Pancala; palay nepangan
> sobatna Bambang Sucitra. Bari sugan aya milik diri jadi Narpati.
>
> Nya atuh pamaksadan Kombayana kitu, teu dihalangan ku Krepa; atuh Krepa teh
> enjingna mios ka Astina; ari B Kombayana neraskeun perjalanan ka Pancala.
> Sateuacanna parantos wanti2 titip2 ka Kerpini; Kerpini ngan ukur tiasa
> ngadoakeun
> supaya B Kombayana hasil maksad, naek darajat.
>
> Bambang Kombayana ngantunkeun padepokan Resi Krepa nuju Pancala kalawan manah
> anu janglar, jigrah sareng sumringah; yakin yen perjalanana bakal
> HASIL.
>
>
> HANCA
> Â
>