Ieu mah ambeh rame....didaerah Cianjur ;

Waluh = labu (basa Indonesia) anu sok dikolek/didodol amun tos kolot, ari ngora 
keneh mah kalan-kalan sok diangeun.
Waluh Sieum/Siam = Gambas (di Bogor) = Labu Siam (basa Indonesia)
Paria = anu rasana pait, kulitna karenyod ting perenjul, sok dilalab anu 
ngorana, ditumis    anu rada kolot, mun tos asak sok bareukah sikina kulumudan 
warna beureum.
Paria belut = paranjang badagna sagede paria, kulitna rata, anu ngora sok 
diangeun mun henteu ditumis, anu asak, cangkangna sok diberesihan teras di poe 
keur ngagosok awak amun mandi.
Lopang = panjangna sapanjang paria badagna ised saeutik ti paria, dina badanna 
aya jejeberan siga cecepet lauk, anu ngora sok diangeun mun henteu ditumis, anu 
asakna 
sok diala cangkangna, diberesihan dipoe keur ngagosok badan amun mandi.

Aya kakawihan keur jaman budak unina : "Ta kukuk ta waluh ta lopang panjang 
sipendul
ulah jauh si engkay datang"

Heuheu.....ngacaprukkkkk..

ssw
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa 
dibikeun ka kiSunda



 



  






      

Kirim email ke