Waalaikum salam Wr. Wb.

Upami nengetan tina padungdengan,
Cita-cita kolektif urang Sunda : Hoyong aya urang Sunda anu mingpin ieu nagara, 
hoyong aya pamingpin urang Sunda naha Presiden, naha Gubernur naha Bupati anu 
tiasa ngaraksa sareng ngamajukeun kiSunda.
Urang Sunda anu ideal : urang Sunda anu wani ngaku yen dirina urang Sunda, anu 
wani nembongkeun jati dirina, yen manehna urang Sunda, utamina urang 
Sunda-urang Sunda 
anu laluhung, boh elmuna boh kalungguhanana.
Urang Sunda anu daek (asal daek pasti bisa) ngaraksa budayana sabisana 
samampuna.

Punten ... rada peuheur yeuhhhh..

Pihatur,
ssw
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  Tapi talungtik naon nu bisa 
dibikeun ka kiSunda

MSasmita <[email protected]>






 



  


    
      
      
      


Assalamualaikum Wr Wb.
 
Majalah basa Sunda Cupumanik sasih Agustus 
2010 teh nincak kana taun nu ka 8. Upami budak mah nembe naek ka kelas 
dua SD, teu acan asak jeujeuhan. Ieu mah etang-etang mapaykeun 
we.
Kinten-kinten naon cita-cita kolektif urang 
Sunda teh? (atanapi nu kumaha nu disebat urang Sunda ideal teh).
Mugi baraya sadayana kersa ngawaler ieu patarosan, 
sababaraha waleran bade dimuat dina Cupumanik kanggo ngeuyeuban pamendakna nara 
sumber nu diwawancara ku Cupumanik. Waleran teu kedah panjang cekap 10 
atanapi 20 kecap mah.
Hatur nuhun.
Wassalam
MSasmita
Redaksi Cupumanik.
 


 



  






      

Kirim email ke