buleng, ngaran wadah hideung nu ditanggung ku si bapa teh.
eusina lauk emas hirup dagangiderkeuneun ka unggal lembur. dijieunna tina
anyaman awi dilabur ku (jigana mah) aspal, sangkan cai teu rembes bocor.
cek si bapa nu poho teu ditanya aranna, lauk nu di bawa make buleng ieu leuwih
seger tinimbang lauk nu diwadahan kana kantong palastik ditiup gas. duka enya,
duka ukur omongan tukang dagang. ngan basa si bapa harita ngaganti cai eusi
buleng ditampian tukangeun imah, katingalina si lauk di jerona teh mijah hanteu
limpeu.
http://www.facebook .com/photo_ search.php? oid=339999768999&view=user#!/ photo.php? pid=4544525&id=649487375
--
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk