Bilih aya nu bade ngersakeun...
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
=================
Mamanawian
Medal munggaran buku kumpulan "HEURUY SANTRI- KERSANING ALLAAAHU AKBAR"
PANGJAJAP
Mun
kahirupan dipapandekeun sareng heureuy, ningan kahirupan teh kabeh oge
pinuh ku pikaseurieun. Boh ku sipat jelema, boh ku paripolahna. Bener
ningan ceuk babasaan, jalma teh ningan ukur darma wawayangan.
Aya
dua hal anu matak janten pikaseurieun teh. Kahiji ku pinterna, kadua ku
kabodoanana. Malah sakapeung sok ditambahan make anu katilu nyatana ku
kauntungan hiji jelema.
Alesanana, enya oge pinter can tangtu eta jelema teh bakal jadi jelema anu
sukses, kituna deui jelema anu bodo.
Tapi
keur jelema anu untung mah, rek bodo kusabab teu nyaho atawa pinter
kusabab geus ngalaman jeung miboga pangarti, eta jelema sok katungtun
ka tempat anu matak piuntungeun jeung salamet.
Tah pedaran
carita dina buku kumpulan heureuy santri anu dujudulan "kersaning
Alaaahu Akbar" teh, minangka ngalalakonkeun kalakuan jelema, anu teu
boa ku urang oge kalakonan.
Tapi sanajan kitu, ieu buku kumpulan
heureuy santr teh, sanes rek maksad ngageuhgeuykeun kalakuan sorangan,
tapi sugan jeung sugan jadi pieunteungeun keur urang dina enggoning
ngaharep ridlo anu Maha Kawasa, taya lian Allah SWT.
Sasieureun sabeuyeuren mugi tiasa dicandak luang keur urang sadayana. Amin.
Catetan:
Judul Buku : HEUREUY SANTRI "KERSANING ALLAAHU AKBAR"
Anu Nulisna: WANGSA SUSENA (Wangsa Oerang Soebang Pitoein)
Lobana Carita: 33 siki
Penerbit: Yaf Publish
Alamat: - Komplek Sarijadi 117 Blok VI Bandung
- Kp. Andir No 76 Rt/Rw 06/01 Tammbakbaya Cisurupan Garut 44163
Phone (0262) 576146 HP. 081320069146
Pangaosna : Rp.20000,-
Mangga bilih ..peryogi.. seja ngagaleuh ..kintun bae alamatna kana InBox abdi…
Caaag !
Wassalaamu 'alaikum wr.wb.