Punten ah, lauk buruk milu mijah. Kaleresan simkuring kantos luwang liwung leuleuweungan di Sumatra antawis taun 1999-2000, janten asisten peneliti asing dibidang konservasi. Padamelan simkuring harita teh ngan ngajentul merhatoskon mangrupi-rupi tipe habitat ti tabuh 05.30 enjing dugi ka 07.00. Tah, salami ngajentul teh sok pendak sareng rupi-rupi sato sapertos manuk, babi, tapir, sareng diantawisna anu disebat "maung sunda" tea. Tapi simkuring teh rada hemeng waktos eta sato disebat "maung sunda" kumargi anu disebut maung sunda mah, upami teu lepat, Panthera tigris sondaicus parantos teu aya dikieuna (punah) sapertos maung bali (Panther tigris balica). Kantos aya iber yen maung sunda teh masih aya keneh ti Taman Nasional Merubetiri, tapi saparantos di paluruh teu aya buktosna. Anu aya di http://www.rnw. nl/bahasa- indonesia/ article/harimau- sunda-ditemukan- di-kalimantan rupina mah marbled cat (Pardofelis marmorata), memang daerah penyebaranna ngalimpudan sumatra sareng kalimantan.
Baktos, Isma --- On Fri, 7/23/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote: From: oman abdurahman <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Maung Sunda di Kalimantan To: [email protected] Cc: "urang sunda" <[email protected]>, "oman abdurrahman" <[email protected]> Date: Friday, July 23, 2010, 3:38 PM Baraya, Punten, lain maksud rek agul ku payung butut, da memang ngaranna "harimau Sunda" ceuk nalungtikna oge, tetela aya (hirup) oge di Kalimantan. Warta nu lengkepna aya di alamat ieu: http://www.rnw. nl/bahasa- indonesia/ article/harimau- sunda-ditemukan- di-kalimantan Tah, bagean bah Abbas Amin maluruhna informasina langsung ka "lapangan", ke ditukeran jeung informasi melak pare dina pot skala produksi. manar

