Nya kitu tea kang  he..he..he.. ari kuli mah kieu lah.

Sanajan (ngaku) ningrat, ari jadi pagawe mah tetep we katalian tugas.
Lamun isukan jumaah kuring teu asup, aya hiji sistem anu direncanakeun rek diomean. rencanana teh poe isuk pisan. lamun diundur, tidak baik buat kesehatan sistem = kesehatan operasional kantor,

 jadi nya wayahna kudu asup.
he..he..he..

lamun si akang rek nongton, kuring rek menta tulung meunang?
isukan pang posting keun ka milis ieu, lalakon wayangna naon, laju caritana singketna kumaha, jsb.
sukur-sukur lamun pas si cepot tampil di rekam mah he..he..he..

nuhun saacanna

--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupaling Ningrat, teureuh Planet Krypton



On 07/29/2010 03:44 PM, agushermawan wrote:

cobaan tong gawe sapoe mah, kantor pasti tetep jalan...
utamakeun ulin kang...
tong gawe wae

--- In [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com>, irpan rispandi <mr.rispa...@...> wrote:
>
> Euuh aing mah, bet poe kemis atuh nyieun acar teh. Nyaho isukna kudu
> gawe. coba jumaah peuting, atawa sabtu peuting, bisa meureun kuring lalajo.
> Kang Agus, punten pangbejaankeun panitia:
> Pangersa Raden Agung Irpan Rispadi Raksa Galaksi Bimasakti Rahayu
> Ningrat teureuh planet Krypton hoyong nongton kituh, tapi sanes dinten
> kemis. iasana dinten jumaah atanapi sabtu. Pang robahkeun jadwalna.
>
> hatur nuhun
>
> (lamun teureuh ningrat nu menta, cikan bakal ditedunan moal nya
> he...he..he.. )
> --
>
> Sim abdi teu gaduh BlackBerry
>
>
>
> On 07/29/2010 12:18 PM, agushermawan wrote:
> >
> > Ka para saderek nu rarodek, dulur-dulur tukang bajigur urang sunda di
> > jakarta nu garaya...
> > bilih sono hoyong nonton wayang golek, mangga sumping ka Bentara
> > Budaya Jakarta, Jalan. Palmerah Selatan 17 Jakarta, Telepon : 021
> > 5483008 ext 7910 - 7911 (kaleresen payuneun irung kantor abdi pisan),
> > Dinten Kemis, 29 Juli 2010 tabuh 20.00 (duka dugi ka subuh antanapi
> > disingket) didalangan ku Dalang Eka Cecep
> > Haratisss...... tis...
> >
> > baktos
> > (tukang bandros)
> >
> >
> >
>




Kirim email ke