Kang Mukas,
samemeh 'nganilei', kuring rek nganyatakeun, kuring lain musisi, lain
sound enggineer, jeung teu boga ceuli nu alus pikeun nganiley lagu.
Anapon anu di lakukeun ku kuring mah, ngan ngadengekeun he..he..he...
sanggeus ngadengekeun ternyata alus. ngan ....
Ceuk kuring mah, ngaran-ngaran kacapi jeung suling, tangtu sunda. tah
kuring teu ngadenge 'sunda'-na. atawa memang meureun kabeneran lagu anu
di upload teh lagu anu nge-pop. Lagu sundana henteu di upload. kitu
meureun nya kang?
anu kadua, sora penyanyina, meni melengking tinggi euy. teuing oktaf
sabaraha tah he..he..he.., kira-kira pas manggung (nyanyi live) sora na
setinggi eta teu nya?
katilu, kuring mah hayang pesen, kahade engke lamun geus berhasil jadi
artis, ulah kabawa ku sakaba-kaba. geus kacontoan kapanan :)
sakitu wae
--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton
On 08/10/2010 10:32 AM, mukasnugraha wrote:
Salam baktos,..
Timpah tipayun sim abdi neda dihapunten samudaya kalelepatan anu
ageung anu alitna, Mugi urang sadaya dipasihan kakiatan dina enggoning
ngalakonan ibadah shaum anu bade dongkap, ditebihkeun tina sagala
dodoja sareng cocoba, kalayan Allah SWT. Aminnn.. ya robbal alamiinnn...
Kieu baraya, sim abdi teh ngagaduhan rerencangan anu sok maen kacapi
opatan sareng rerencanganana. Namung ieu mah sapertos "Braga Stones"
anu kapungkur sok ngamen di Jalan Braga tea, da lagu anu osok
ditembangkeun teh upami didangukeun mah rada-rada "jazzy" (istilahna
mah manawi soft-jazz pop...). Tah anjeunna teh nyuhunkeun bantosan ka
sim kuring supados abdi "menilai" lagu-lagu anjeunna. "Cik atuh
dangukeun, sae henteu, upami aya kakiranganana, naon atuh
kakiranganana teh..." saurna. Tah ieu yeuh, ieu teh janten pasualan
kanggo abdi mah, da rumaos abdi mah enol pisan kana lalaguan teh.
Kumargi kitu, punten sim abdi bade nyuhunkeun wargi sadaya
"pangnilaikeun" tah eta lagu anu rerencangan teh. Supados gampil, abdi
tos nyuhunkeun bantosan ka rerencangan anu sanes supados ngalebetkeun
ka www.4shared.com. Tah ku para wargi eta lagu teh tiasa di-download
ti alamat link ieu:
http://www.4shared.com/audio/xbCCcb7l/Kabie_01_Teringat_Selalu.htm
sareng anu ieu :
http://www.4shared.com/audio/UlSbevum/Kabie_02-Dewiku__Cemburu_.htm
Mangga, di cobi didangukeun lagu na...
Di antos "panilaian nana"...
Nuhun, pisan bantosan sateu acanna, ti wargi sadaya....