Sent from my BlackBerry® powered by Sinyal Kuat INDOSAT -----Original Message----- From: Aldo Desatura ™ <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 14 Aug 2010 13:17:59 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Gatotkacha-2
sok teraskeun lanjutannana lumayan bari ngadagoan bedug buka tea... aehh ceuk ceunah mah jaman eta teh geus ngenal nugaranana perang nuklir kulantaran senjata-senjatana lain senjata nu biasa, duka tah enya heunteuna mah.... tah iyeu salah sahiji link<http://atlantis-lemuria-indonesia.blogspot.com/2010/02/benarkah-benua-atlantis-yang-hilang.html>na 2010/8/14 Abbas Amin <[email protected]> > > > "Nun Kanjeng Rama Arya Bhimasena, sesembaheun Putra, mugia Rama > enggal nyandak Putra ngadep ka Wa Yudhistira, sareng Paman Arjuna, Nakula > Sadewa. Putra hoyong enggal nyungkeun diajar mentang jamparing. Rama." > > "Hahahaha, alus......... alus................. Tapi na waktu ieu Ki Arjuna > keur tatapa > di Leuweung Himalaya nu sanget pisan; teu nyaho dimana lebah2na; tak Kaula > ayeuna keur neangan Paman Sampeyan, Arjuna. Ua maneh Yudhistira pindah2 > tempat matuhna di leuweung Kamiaka teh, jadi maning ge maneh mah latihan > we terus; lantaran aya kamungkinan Pandawa bakal Perang ngalawab Kurawa." > > "Wah...........Putra pasti bakal RESEP ngiring perang Rama; ulah dugi ka > teu > ngajakan Putra, Rama. Putra bingah pisan bisa perang sasarengan sareng > sadaya sepuh2. Rama kedah yakin; salami masih aya Gatot kacha; salami > Gatot Kacha masih hirup, kumelendang di alam dunya ieu; moal aya sing saha > wae nu bisa nyodeka ka Para Pandawa, sepuh2 Kaula. Maning AJUR diri PUTRA > ti batan ningali Rama sareng Paman2 pada cilaka. Ayeuna ge Rama; upami Rama > Bhima ngidinan, bakal dibasmi eta Para Kurawa teh ku Putra !" > > "Yoooooy , Gatoooot................ Kaula percaya ! Jeung memang maneh > teh > bener2 Anak Kaula ! Hahahahaha Kaula bungah kacida ! Boga anak sperti maneh > Gatot kacha ! Tapi Kaula teu satuju. Jeung tong pipilueun perang ngalawan > Kurawa; > sesakeun ! Eta kabeh geus dijangjikeun bakal binasa ku Kaula ! Hahahahaha." > > "Duuuh Rama, sembaheun Putra. Putra kalintang bingahna; yen ama tos nampi > Putra; moal aya hiji kabungaheun nu ngelehkeun ieu ayeuna. Ku margi kitu, > ama. > Upami Rama butuh NYAWA Gatotkacha................ ayeuna keneh bakal > dipasrahkeun ka Kanjeng RAMA ! Estu kula ihlas > balilahan.................... moal > rek mungpang kapalay sampeyan, Rama Sena." > > "Yooooy................Gatot.............tong ngomong nu euweuh > gunana...........; maning > ge siapkeun diri maneh keur engke nyanghareupan Perang Bharata Yudha. > Eh.................. mun memang geus teu katahan hayang tepung jeung Uwa > Yudhistira; > jung.................tah ieu bawa Susumping Kaula. Moal teu ditarima; da > saha jalmana > nu bisa mamawa SUSUMPING Kaula; ari lain anak KAULA mah." > > Kalintang bingahna Sang Gatot Kacha nguping kasauran Ramana nu kakuping > sakitu ngahargaan pisan ka anjeunna; mani nepi ka masihkeun susumpingna. > Anjeunna oge yakin yen susumping Bhima moal aya nu wanieun ngarebut; > ari lain hayang pondok umur mah. Da memang Ramana Bhima teh kacida gagahna. > Kapan anjeunna oge dua kali dibantingkeun! Padahal pan pangawak Butha ! > Enyaan Rama Bhima gagah ! Aing reueus pisan boga bapa saperti Rama Sena. > > Enggalna bae teu lami Bhima sosonoanana; Arya Djodipati saparantos pamit ka > Hidimbi teras ngaleos mani ngan sakilat tos teu katingal deui. Disebat > pamit teh, > nya eta nyarios:"Hidimbi ! Aing indit !" cenah ngan sakitu. Tapi katampina > ku Hidimbi > mah mani asa dielus elus nu kacida ROMANTISNA; ku ngan sakecap Bhima teh. > > Gatotkacha rada heran oge ku kalakuan Ramana kitu; enggal wae tumaros ka > Kanjeng > Ibu Hidimbi:"Duuuh Ibu, Dewi Hidimbi sesembaheun Putra, Putra parantos > diajar ku > Jeng Ibu, adat etika sopan santun; tapi naha geuning sigana Rama Bratasena > mah, > asa kirang dianggo eta tata titi teh ?" > > Hidimbi gumujeng, kapiasem ku patarosan Putrana Gatotkacha, enggal bae > ngalahir:" > Duuuh..............., Gatot kacha Putra Ibu, deudeuh teuing > sampeyan..............; tah > paman2 sampeyan teh kacida sopan santunna; Ibu oge bisa kieu teh dipasihan > palajaran Ku Ibu Dewi Kunthi Nalibrata, nalika anjeunna leuleuweungan > kapungkur > tea. Tah eta tata titi adab teh dianggo ku sadayana, matak era urang mah > nya kasar, > nya manyang munyung, urang kampung bau lisung. Tah ari Rama hidep mah, nya > eta Arya SENA..............duuuuh saperti Bangsa urang > weeeee..............kalasar!" > Waktos nyebat Arya Sena, Hidimbi teh rada imut, sareng pameunteuna rada > beureum, > lantaran memang ieu Hidimbi teh muja pisan ka BHima teh. Cek paribasana teu > mikir deui masalah lain, nu aya di na manah Hidimbi mah salian ti BHIMA. > Tapi ayeuna mah RINDU DENDAM teh rada kaubaran; saparantos lahirna ingkang > Putra Gatot Kacha. > > > HANCA > NB. : parunten upami salah ngetik; teu dipariksa2 acan da. > Biasana ge ngedul; komo keur puasa mah atuh. Hehehehehe > > > -- Aldo Desatura ® & © ================ Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

