Ayeuna di eropa utamana walanda jerman inggris keur usum panas (summer).
Hartina, beurang jadi leuwih panjang, sedeng peuting leuwih pondok atawa
singkat. Cek kang deni di leiden oge di austria, dina fb, buka puasa jam
21.15 peuting. Imsak jam tiluan. Cek bambu ayu, ibu-ibu di den haag, duka
asgar duka indramayu, dua tahun kahareup aya kamungkinan malah magrib teh
jam 11an peuting cenah. Eta kitu teh cenah lima taun terus-terusan. Cek kang
deni ismail di leiden mah nya adil. Sabab mun keur usum winter/salju,
beurang pondok, hartina puasa oge sakeudeung.imsak jam 7 buka jam 5. adil
meureun ngan lila oge rek ka adilna. haha

Aturan puasa pan ka soal bijil jeung surup panon poe. Lain jam atawa waktu.
Cara di urang beurang peuting relatif tetep, 12 jam. Meureun bisa oga di
kawasan sejen make aturan kitu. 

Kirim email ke