Diantos hancana deui kang, sakalian jadi hanca tadarus weh...hehehe
--- In [email protected], Abbas Amin <abas_ami...@...> wrote:
>
> "Naon !? Robah?!.......... mustahil !?" Bima nyentak, tapi bari rada bingung;
> cul
> we Gatotkacha teh teu digugusur teuing. Keur kitu Kresna ngagupayan ka
> Gatotkacha, Gatotkacha enggal nyaketan Kresna, ku Bima diantep we da rada
> bingung tea.
>
> "Gatotkacha, ............... naha sampeyan hayang diaku ku Rama hidep,
> Bima?"
> :Nun inggih, keres pangandika, Rama Ua Bathara .................. "
> Kresna ngaharewos ka Gatotkacha, mun hidep hoyong diaku ku Rama sampeyan
> Bratasena; lawan jung bantingkeun eta Rama sampeyan teh; engka ge ngaku; tong
> asa2; da moal nanaon dibantingkeun 20X wae mah moal matak nanaon ka Rama
> sampeyan, nu sakitu gagahna."
>
> Enggal na wae Gatotkacha ngan sakilat luncat teras numbrul ka Bimasena, nu
> nuju bingung; kaget oge Bratasena, barang bade siap ngalawan; serangan
> Gatotkacha kaburu dugi manten; atuh harita keneh Bima diangkat ku Gatotkacha
> teras dibantingkeun tarik pisan, bari dibarungan nyebat : Punten rama!"
>
> Barang Bima bade ngadeg deui taki2; serangan kadua ti Gatotkacha teu masihan
> kasempetan deui; Bima dirontok, atuh teras wae eta dua jalmi nu sami jangkung
> badagna, sembadana, sami rongkahna tos gelut pagulet; silih surung silih
> sered.
> Tapi ku margi Gatotkacha nu nyerang ti payun, Bima kawon babar; enggal tos
> dibanting deui ! Nyata Gatotkacha gagah perkasa pisan. Padahal Bima kasohor
> pisan, di na bitotama gelut patutunggalan mah, can kungsi aya nu ngelehkeun!
> Hidimba nu langkung ageung oge kapan kalah ku Bima mah. Kitu deui jago
> gulat model Baladewa, masih keneh aya sahandapeun Bima; cacak Gandamana
> nu pangjagona sadunya dina soal "gulat" ; lastari ngemasi pati ku Bima. Tapi
> ku
> Gatotkacha mah Bima sababaraha kali dibantingkeun niban lemah.
>
> Bima rada ripuh, terus diered , didengkek, Tapi ku margi memang ieu Satriya
> Nunggul
> pawenang memang digjaya; nya na sahiji waktu mah mah aya kasempetan oge;
> iga Gatotkacha disiku, dugi ka ngabangkieung. Tos kitu peureup mu buleud
> ngajekok
> ka na pameunteu Gatotkacha. Atuh kaciri rada lieureun Gatotkacha teh. Tapi
> barang
> ditajong, Gatotkacha mani kesit nyingset terus male ku hiji tonjokan, nu keuna
> pisan ka na dada Sang Bratasena. Biasana ditonjok kitu wae mah tara karasa ku
> Bima teh; tapi ayeuna mah rada "nyengir" Bima teh, tandana karaos peureus.
>
> Ger we ieu Rama sareng Putra teh bitotama ngaluarkeun Elmu kanuraganana.
> Nyata di widang ieu oge, Gatotkacha teu eleh; Gatotkacha kesit pisn, tiap
> nonjok
> mantep pisan, atuh rame pisan ieu nu tarung teh; mangkaning duanana
> jararangkung
> galede; atuh akhirna mah, tatangkalan mani rarungkadan.
> Bima ngarabut hiji tangkal kai nu gede, pikeun gada rek neunggeul Gatotkacha;
> atuh
> Gatotkacha oge enggal ngarabut hiji tangkal kai. Mani gampil pisan, sakali
> ngarabut
> teras dianggo ngababuk ka Bima, Atuh rame nu tarung gada ngagunakeun tangkal
> kai.
>
> "Hehehehe, eladalah.......... yayi Kaipe........... cobi tingal eta Putra
> sampeyan Gatotkacha.......... enyaan kacida digjayana ! Sok kula wani masang
> Gatotkacha, sampeyan nyekel Raka sampeyan Bima!" kitu saur Kresna.
>
> "Hahahaha, geus biasa sampeyan ari geus ngadu jelema teh. Sok pisahkeun tah
> nu tarung teh, piraku rek diantep." Arjuna males kasauran Kresna.
>
> Baladewa sareng Satyaki mah ngan olohok we mata simeuteun, ku teu nyangki
> eta Gatotkacha sakitu gagahna' wah mun tadi enyaan gelut jeung aing, geus
> ringsek
> aing teh tadi. Kitu manah Baladewa sareng Satyaki.
>
> Akhirna Bima ngalungkeun kai nu dijadikeun gada; kitu deui Gatotkacha. Teras
> Sang Satriya Jodipati nyarios bari ngagerem handaruan:"Hemmmm; ayeuna mah
> Kula apal kana "gelut" sampeyan; nyata enya sampeyan anak Kaula Gatotkacha.
> Kaula ayeuna ngaku."
>
> Atuh enggalna wae Gatotkacha sujud ka salira Bimasena:"Duuuh, kangjeng Rama
> sembaheun Putra; Putra nyuhunkeun ampun, wirehna tos kumawantun ngalawan
> ka Kangjeng Rama, ieu mugya katampi sembah sujud Putra."
>
> "Hahahaha, enya seug ! ............. Kaula bungah pisan, yen enya sampeyan
> teh anak
> Kaula! Da kapan basa eta kungsi urang gelut oge. Tah jung ayeuna ngadep ka
> paman
> sampeyan, tuh ki Arjuna, kapan cenah hayang panggih."
>
> Lajeng wae Gatotkacha sinembah ka Arjuna:"Duuuh Rama Paman Arjuna, mugya
> sampeyan kersa nampi sembah Putra, rama Paman."
>
> "Duuuh, anak Kaula Gatotkacha.......... seug ditampa ku Paman, yu atauh
> ayeuna
> urang istirahat ngariung deui; tuh Rama Ua sampeyan Yudhistira ti tatadi tos
> ngantosan.
>
> Enggalna bae, sadaya karempel di n kaayaan anu matak pikabungaheun pisan.
>
> Satyaki enggal noel ka Gatotkacha:"Eh "ponakan"; enya sampeyan rongkah pisan;
> Paman resep pisan ningal ketak sampeyan, hahaha."
> "nuhun Paman Satyaki, Kaula saleresna teu wantun ngalawan ka sepuh, ngan eta
> we
> pedah dipiwarang ku Ua Bhatara."
> "Hahahaha, keun meureun kudu kitu carana supaya diaku ku Rama sampeyan mah.
> Hahahaha."
>
> Yudhistira bingah pisan ningal Rama sareng Putra tos alakur deui, enggalna
> Yudhistira
> sasauran:"Emh bagja kumayangan, Rayi Bima sampeyan geus boga anak sakitu
> gagahna; Kaula reueus pisan, bakal jadi pahlawan nu bakal ngabela urang
> sarerea."
>
> "Hahahaha..........bener Darmaji, Kula satuju ka na omongan sampeyan..........
> hahahaha.............. anak Kaula si Gatot, memang andelan urang sarerea."
>
> Baladewa ngiring nyarios:"Hahahaha, ngan eta Bima, sampeyan mah ngakuna
> teh kudu bobolokot kesang heula ; untung Gatotkacha "gagah"; kumaha mun
> henteu? meureun sampeyan bakal kaleungiteun anak."
>
> "Hahahaha, Kaula percaya, lamun enya2 eta anak Kaula, kudu gagah saperti
> bapana. Mun henteu. Hemmmmm kajeun kojor we. tinimbang teu aya guna mah."
>
> Barang sadaya nuju suka bungah ku tos patepang deui di na kaayaan nu sakitu
> ngagumbirakeunana, kakuping sora2 nu sarurak saruka seuri; ari disidik sidik
> katingal Duryodhana, Karna, Dursasana, Sakuni, sbalad balad nuju ka eta
> leuweung.
> Persis pisan maranehna ngaraliway ka tempat Pandawa bari eakeakan saruka
> seuri,
> maranehna terus nuju ka leuweung anu caket ti dinya.
>
> HANCA
>