yehhh iyeu naha tamat.... perang ge acan ... jeung para kurawa.... perang mahabarata tea
2010/8/20 Abbas Amin <[email protected]> > > > Rama Bima, sareng Rama Paman Arjuna, kumaha yeuh? > > Bima ngagerem:"Geus lesotkeun Gatot, manehna geus meta ampun." > Arjuna oge sasauran:"Enya bener Gatotkacha sok leupaskeun." > > Barang dileupaskeun Citrasena cedok we nyembah, teras nyarita:" > Duuuh, kakara Kula meunang lawan anu sakitu jagona; Kaula taluk pisan. > Engke upama anjeun perang jeung sing saha wae, tangtu Kaula bakal > ngabantu andika. Tah ayeuna Kaula rek indit neangan tempat sejen, > sabab tempat nu ayeuna geus diraruksak ku Kurawa. Soal tawanan Kaula. > Kaula masrahkeun ka sampeyan." > > Nya der wae atuh, nu tiluan muka borogod Suyudhana, Karna sareng Kurawa > sejenna. Barang dibuka Suyudhana culang cileung, ret kana pedang nu > ngagoler di dinya teu antaparah deui anjeunna nyandak pedang teras bade > ditigaskeun ka na beuheung anjeunna pisan, untung Karna rikat ngahalangan, > jol deui Sakuni sareng Dursasana milu ngaronom sareng Meper Suyudhana. > Akhirna Suyudhana kapiuhan. ( api2 sugan ku sabab era ku Pandawa ). > Sakuni sanggeus basa basi ka Bima jeung Arjuna, ting laleos we ngabengbeos, > era parada, > > Saparantos para Kurawa tebih Bima ngagerem:"Api2 siah..........jor > marantog! > awas wani balik deui ka dieu!" > > Arjuna mung gumujeng, kapiasem ku Ingkang Raka Bima. > > Enjingna saparantos papada istirahat, sadaya ngadep ka Yudistira; teras > Yudhistira ngandika:"Bagja kumayangan, kasep Gatotkacha, hidep geus > nuntaskeun tugas kalawan beres. Ua bungah kacida." > > "Nun inggih, Rama Ua, naon wae parentah ti Rama Ua, bade diestokeun pisan > ku Putra; bujeng2 tarung jeung Bangsa Citrasena; dalah kedah lebet ka na > lautan seuneu hurung; atanapi ka na elak2an naga, tangtos ku Putra > dilaksanakeun." > > "Aduh bagja temenan Kaula boga anak saperti sampeyan." > > "Hahahaha, memang Gatotkacha pantes pisan jadi anak Kaula!"saur Bima bari > reueus. > "Eh Gatot.......... lain maneh teh hayang diajar panah ka KI Arjuna ? Jung > ayeuna > geus waktuna !" > > Atuh der we Gatotkacha ti harita jadi murid Arjuna. Memang calakan pisan > ieu > Gatotkacha teh; teu dugi ka mulan malen tos tiasa nyerep elmu panahna > Arjuna. > Malahan ditambih ku Elmu Gaib ti ibuna; Gatotkacha tiasa ngaluarkeun panah > tina bahamna. Atuh kalintang bingahna para Pandawa ningal kasakten > Gatotkacha. > Sadaya reugreug manah, kagungan Pahlawan Sakti samodel Gatotkacha. > > TAMAT > > > > > > -- Aldo Desatura ® & © ================ Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

