Kang ibing kungsi milu ngaramekeun acara kusnet, nyaeta loncing buku kusnet yp munggaran, sajak banyol jeung sajabana. Harita taun 2002 asana, tempatna di GSG Itenas bandung. Kang ibing janten nara sumber, sareng abah surya (hidayat suryalaga) oge ceu Aam Amalia, sastrawati. Ayana ceu Aam pamenta kang Ibing.
Kang ibing harita aya acara siang jadi mc di itb. Asalna mah teu kersauen ka itenas da jadwalna rapet pisan jeung nu di itb. Tapi ku salah saurang sobatna nuju anom, di DAMAS, Ua Djatnika S Puradinata (ua Dj), oge tatanggana, ua Sasmita, nya kersaeun sumping ka Itenas. Nya ari acarana mah kampanye make basa sunda, jsb. Acara rame pisan. Gedung serba guna itenas, tempat acara pinuh. Bari pinuh ku sora seuri basa kang ibing kabagean nembrakeun pamanggihna ngeunaan sunda. Panitiana lingkung seni sunda (lisenda) itenas. Buku sajak banyol jeung sajabana siga judulna, aya bab banyol. Kang ibing di panggung biantara, "ulah ngabodor hareupun aing. Moal lucu!" cenah. Nu hadir ger nyakakak. Pendak rada lila basa keur ngulampreng ka rumah baca buku sunda ua sas di margawangi nu teu jauh ti bumi kang ibing. Kabeneran pisan, kang ibing nyimpang. Poho deui aya perlu naon, tapi jadi ngobrol rada lila. Kaasup lalakon kang ibing basa diajar basa russia ka moskow. Ngobrol tangtu diselang seuri. Mulih ka jati mulang ka asal Telah berpulang, presiden republik jawa barat.