Caket bandara Incheon mah teu aya hotel mirah, tarifna langkung ti 100 dollaran sawengi, aya oge hotel-hotel mirah/motel, di Airport New Town (Konghang sin do si) ti bandara naek beus jurusan Airport New Town, upami cacandakan teu seueur tiasa naek AREX (Sub-way) liren di statsiun ke 2 (Airport New Town). Saena langsung ka Seoul, nganggo beus atanapi AREX (sub-way) kantun milih bade ngarerev didaerah mana.
Pihatur, ssw bilih peryogi informasi mangga telpon sim abdi : +82-10-2886-9799 Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda [email protected] <[email protected]> Kahatur ka akang- teteh nu aya di US ... sim kuring nyuhunkeun bantosanna.. sim kuring upami janten dina minggon payun bade angkat ka Chuncheon korea..bade aya pertemuan kaping 6-7 september .. tapi kumargi jadwal pesawat teh geuningan pinuh nu ka incheon teh .. janten sim kuring kedah angakt kaping 3 september .. dupi akang teteh tiasa ngabantos, simkuring butuh info penginepan nu mirah di daerah sekitar bandara.. nu kanggo sadinten wungkul . da kumargi panitiana bade ngajemput teh kaping 5 september .. diantos bantosanna... hatur nuhun sateuacanna ... salam simkuring .. firman

