lanjut deui kang.... 2010/8/24 Abbas Amin <[email protected]>
> > > Barang Sakuni nampi sadaya laporan Suyudhana, Sakuni mani tetenjrag, ku > hanjelu2na. Sampeyan kuduna protes ka Kresna; yen tetep sampeyan nu > kudu milih ti heula. Kitu sasauranana Sakuni. > > "Naha? Kapan Kresna mah teu moal milu perang? Najan Kula ti heula oge, > angger > Kaula bakal milih Kritamarma jeung pasukanana; keur naon kula milih hiji > Kresna > nu teu milu perang? Malahan di na hal ieu Arjuna cek pikir kula mah bodo ka > bina > bina. Bisa disebutkeun teu boga otak sama sakali!" > > "Hemh, Suyudhana2X; enyaan anjeun mah, teu nyaho strategi sama sakali. Yeuh > lamun Kresna biluk ka Kurawa, tinangtu Balarama bakal niluk ka Kurawa. Tah > kajayaan urang teh geus bakal jadi HIJI KANISCAYAAN ! Moal dicangcaya deui. > Tapi ayeuna ? ku teu miluna Balarama, tangtu perang jadi lila........... ; > ah enyaan > Suyudhana mah teu ngarti pisan ka na mana nu penting, mana henteu ! Tapi > nya > dalah dikumaha, hayu urang sanghareupa ieu peperangan teh." > > Suyudhana, rada teu ngarti kana ucapan2 Sakuni; lantaran pikeun Suyudhana > mah, > boga KARNA teh geus sagalana. Anjeunna percaya pisan yen Karna bakal bisa > nelasan sadaya Pandawa. Jadi naon pentingna atuh Kresna jeung Baladewa? > Keun we teu biluk ge, nu penting teu milu perang ! Sedengkeun Astina kapan > malah dibantu ku Salya nu kuduna jadi MUSUH !? > > Tunda heula suyudhana Sakuni; ayeuna urang gentos deui kaayaan di Upawilya. > Sadaya sami bingah manah wireh Kresna tos aya ngariung di pihak Pandawa. > Enggalna Yudhistira sasauran:"Kacida urang reugreugna, ku ayana Danardana > aya dipihak Pandawa. Ku Kaula bakal diangkat jadi Penasihat Agung Pandawa. > Kumaha kira2 u sanes satuju ?" > > Bhima, Arjuna, Nakula Sadewa meh bareng:"Satuju pisan, kakang." > "Kula oge satuju." Drupada mani daria. Pon kitu deui Raja Wiratha, > Satiajid, sareng > nu sanesna deui. > > "Ieu perang teh, sanes perang leuleuttikan; tapi perang badag, nu dipiluan > ku ampir > sadaya nagari nu aya di Tanah Hindi ieu. Jadi lamun ger jadi, tinangtu moal > kawilang sabaraha lobana korban, jadi mun bisa ku urang kudu diusahakeun > ayana duta > DAME ka Kurawa. Kumaha cek batur2 sadaya, ieu pandangan Kula?" Kitu > biantara > munggaran ti Kresna nu saatos jadi Penasehat Agung. > > "Enya bener Kresna, Kaula saenyana mah asa teu mikeun kudu ngayakeun perang > teh, lantaran nyata loba cilakana ti batan untungna." Kitu kasauran > Darmakusumah. > > Drupadi nu kaleresan teras ngiring disatiap gempungan, enggal interupsi > :"Ah, Madusudana, naha anjeun teu emut, yen Kurawa geus ngahina ka Pandawa > jeung ka > diri Kaula ? Kaula nu sabenerna teu kudu dibabawa; digusur diwiwirang ku si > > Dursasana, tah tingali buuk Kaula nepi ka ayeuna can diangir; lantaran > Kaula moal > eudeuk beberes buuk, mun can diangir ku getih si Dursasana. E eh naha > ayeuna > Pandawa bet kecing!? Naha bet mandeg mayong!? Hanas terus ku kula ditutur > tutur, naha bet kieu balukarna?" > > Kresna nimbalan :"Hehehehehe, duuuh Putri Panchali, nu manis nu sae budi; > idaman sadaya lalaki. Tong mangmang, tong semang galih. Ieu Perang tangtu > kajadianana. Moal! Moal batal. Ngan wae urang bakal kasurak ku jalma REA; > yen urang teh HAUS DARAH. Urang teh teu mikirkeun jalma nu tariwas; jeung > sangsara. Dina hal ieu urang kudu meunang OPINI nu lega; yen Pihak Pandawa > lain hayang males pati, atawa hayang perang rebutan nyawa; tapi saenyana > hayang dame; ngan pihak Kurawa nu maksa. Tah ku sabab kitu Drupadi Dewi > mugia sing lega mamanahan, perang bakal tetep jadi; tapi Kurawa nu geus > salah; > oge nu hayang perang parebut pati. Jadi di na hal ieu Pandawa mo bisa > disalahkeun. > Lantaran nepi ka akhir pisan, masih aya upaya ngeureunan Perang." > > Ku kasauran Kresna kitu Druapadi tiasa nampi Duta Dame ka Astina. Barang > bade > milarian saha2na; Kresna nawarkeun diri anjeunna pisan nu bade angkat ka > Astina. > Atuh Yudhistira mani ngadegdeg ngahalangan Kresna, sabab tangtu dicilakeun > ku > Kurawa nu sok jarulig. Tenang saur Kresna. Kurawa hamo bisa ganggu ka > Kaula. > Nya atuh akhirna Kresna diidinan ku Pandawa kanggo jadi Duta ka Astina. > > > HANCA > > > -- Aldo Desatura ® & © ================ Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

