kintun emailna ka [email protected]
nuhun
--- In [email protected], "Nurkadi" <nurk...@...> wrote:
>
> Lanjut lah....
>
>
> ________________________________
>
> From: [email protected] on behalf of Abbas Amin
> Sent: Sel 24/08/2010 12:01
> To: kisunda; urangsunda
> Cc: [email protected]; grek_2...@...
> Subject: [Urang Sunda] Samemeh Bharata Yudha Ka-23
>
>
>
>
> Leres pisan naon nu dibayangkeun ku Kresna, leres pisan. Duryodhana teu
> beunang dibangbalerkeun. Keukeuh teu masihan; cenah tong boro 5 Desa;
> najan sajempol suku ge hamo dibikeun. Jadi Ti na Indraprasta; Pandawa
> ngirangan nungtutna janten 5 Desa; ari nu dimaksad 5 Desa, nya eta :
> 1. Amarta 2. Ksatriyan Jodipati 3. Madukara 4/5. Sawojajar.
> Tah ieu nu dipenta ku Pandawa nu teras ngelehan maneh; tapi nyata bedang
> pisan Duryodhana tetep teu masihkeun.
>
> Atuh nya gagal we MISI Kresna teh; tapi teu panasaran deui lantaran tos
> diusahakeun DAME tapi Suyudhana tetep hoyong perang.
>
> Atuh der didua pihak pada ngangkat Senapati masing2.
>
> Samemeh eta; Kresna nyarios ka Bima; yen Putrana Antareja bakal
> ngabahayakeun sarerea lantaran kagungan letah nu sakti pasihan ti
> Ingkang Eyang Antaboga. Lamun Antasena nuju amarah; tos teu
> ngingetkeun balad tawa musuh langsung ngaletakan tapak; bakal seueur nu
> tiwas; bari teu pupuguh rubuh. Bisa wae Arjuna binasa; nu matak ieu Antasena
> kudu diamankeun. Kumaha cenah ngamankeunanana ?
> Tah na hal eta Sri Kresna kagungan cara, nya atuh Bima teh satuju we.
>
> Enggalna Kresna manggil Antareja; barang Antareja nyembah ka Kresna; teras
> we Ku Kresna dituyun, teras jalan2 sakedapan. Antareja bingung galih bade
> naon
> ieu Ua Bhatara nuyun2 Kaula?
>
> Teu lami Sri Kresna bari gumujeng naros ka Antasena:"Eh, Bima Putra, kumaha
> sampeyan di na nyanghareupan Bharata Yudha ieu geus siap ?!"
>
> "Siap Ua Bhatara, naon wae bakal dipiwarang ku Ua Bhatara bakal ditumut ku
> Putra tanpa aya pertanyaan."
>
> "Hahahaha, hade eta patekadan teh. Tapi naha Bima Putra tos gaduh cepengan
> kanggo jaya na Perang? Model Gatotkacha kapan sakitu saktina? Ari sampeyan?"
>
> "Hemmmm............. Ua Bhatara teu boga cecekelan oge, Putra tetep bade
> maju,
> tapi supaya Ua Bhatara reugreug manah, yeuh masing kieu2 oge Putra gaduh
> cecekelan pasihan ti Kangjeng eyang Antaboga; nya eta letah nu bisa maehan
> jelema asal diletak tapakna tinangtu tutung; lantaran peurahna keras pisan!"
>
> "OoooH na enya kitu ! Asa ham ham Ua mah."
>
> "Ua Bhatara, teu kedah ham ham; sok ayeuna tuduhkeun hiji tapak ka Putra;
> tinangtu bakal diletak; jeung tangtu eta jelema ajurna!"
>
> "Ah! Ma enya ah ! Cik atuh tuh; kabeneran aya tapak tuh geuning sok letak
> ku sampeyan Antareja."
>
> Teu kedah ngaduakalian diparentah; Antasena atanapi Antareja enggalna tos
> ngaletak eta tapak ! Padahal eta teh tapak anjeunna nyalira ! Atuh barag
> diletak;
> barang Antareja ngagolepak teras tutung sadaya warugana; teu kungsi ngajerit
> jerit
> acan. Teras wae atuh Kresna mulih ngalaporkeun hasilna. Sadaya Pandawa sami
> ngungun; masing leres eta kanggo kasaean sadaya; tapi keukeuh we sadayana
> sedih.
>
> Saparantos kitu; Kresna lajeng nimbalan Gatotkacha supaya ngadep ka anjeunna.
> :Nun Inggih Ua Bhatara, aya pikersaeun naon, mangga Putra bakal ngestokeun."
>
> "Eladalah, aya ku kayungyun ku BimaPutra nu hiji ieu. Hehehe sarengkak
> saparipolah estu pikaresepeun. Duuh Kasep Gatotkacha, anjeun apal naon nu
> bakal disanghareupan ku urang sarerea ?"
>
> "Heeemmm, apal pisan Ua, Putra bakal toh pati jiwa raga, kanggo kapentingan
> Rama Kaula, Para Pandawa; tong boro dijurung perang; dalah ayeuna Ua bade
> nyuhunkeun nyawa Putra; kanggo kamaslahatan sadayana, moal dikoretkeun.
> Putra ihlas pisan."
>
> "Emh, pikayungyuneun pisan. Eh Gatot Kacha, sampeyan apal ka na kakuatan
> jeung kalemahan sampeyan !?"
>
> "Nun inggih Ua Bhatara, mugi Ua kersa masihan bongbolongan."
>
> "Hehehehe, eladalah, kasep Gatot Kacha. Hidep mah saenyana tos masagi pisan.
> Sampeyan bener2 andelan jurit Para Pandawa. Teu loba nu bisa nendengan hidep.
> Malah mungkin sadaya Pahlawan sahandapeun sampeyan. Sampeyan Sakti
> Mandraguna; totosan bojana kulit. NGan aya nu bisa ngelehkeun sampeyan, nya
> eta Senjata2 Sakti. Saha nu kagungan Senjata Sakti ? Teu kudu sieun teu kudu
> gimir; lantaran eta teh kagungan Guru sakaligus Paman Hidep nya eta Paman
> Arjuna.
> Anjeunna ngagem Pasupati. Tapi moal mungkin sampeyan perang sareng Arjuna.
> Jadi tenang we. Saterusna Nanggala bisa ngancurkeun hidep; tapi nu kagunganna
> Balarama, tunggal Ua hidep keneh; jadi moal mungkin binasa ku Nanggala; da
> pasti moal Perangna. Saterusna Ua sorangan, lantaran boga Senjata Cakra.
> Tapi sadayana eta; teu kudu gimir; lantaran moal mungkin urang perang lain?
> Tah nu kudu dipigimir teh nya eta hiji Senjata Pang Hebatna nya eta KONTA.
> Untung dipakena ngan UKUR sakali; tapi kacida matihna; tangtu sasaha ge binasa
> ki ieu Konta ! Ari nu nyepeng senjata KONTA taya lian mung KARNA; Raja Angga.
> Tah eta nu paling bahaya keur sasaha teh."
>
> HANCA
>