Ieu du'a atawa dialog nu sok dijalanan ku "kuring" satutasna tarawih/witir
di sasih Ramadhan :
Astaghfirullah Al Azhiiim ................ sababaraha kali;
Alladzii Laa ilaa ha Illa Hua Al Qayyum wa Atubu ilaih.
Allahuma 'Ghfirlii Yaa Ghofuur. Sababaraha kali..............
Yaa Allah, abdi sadaya rumaos seueur kakirangan, abdi sadaya rumaos
seueur sambewara ibadah ka Anjeun teh Gustii.
Mugia Gusti tetep ngahampura ka abdi sadaya.
Yaa Allah abdi rumaos kirang syukuran ka Anjeun Ya Allah, padahal Anugrah
ti Anjeun mah mani murudul unggal dinten oge. Sadaya nikmat ti Anjeun
Gustii kirang pisan ku abdi disyukuranana. Emh Yaa Allah Mugia Gusti
keukeuh ngahapunten ka na katalobehan abdi sadaya.
Yaa Allah abdi sadaya ayeuna nuju USAHA ibadah kalawan IHLAS; usaha
kanggo Ihlas; tapi di na prakna sering pisan rumahuh cape , tunduh, sareng
salian ti eta, mugia Gusti tetep masihan kaihlasan ka na hate abdi; da mung
ihlas nu ngamatakkeun ieu ibadah abdi ditampi ku Anjeun. Tapi abdi mung
sakadar Usaha ihlas.
Yaa Allah, sanajan seueur kakikarangan di na ieu ibadah abdi; mugia tetep
Gusti nampi, da mung sakieu kakiatan sareng katiasa abdi sadaya.
Yaa Allah, mugia Gusti ngersakeun ibadah taun ieu langkung sae ti batan ibadah
taun anu tos kalangkung.
Amiin ............. amiiin ............... Ya Robbal aalamiin.