jiplak ah kanggo pacebook

2010/9/7 irpan rispandi <[email protected]>

>
>
> di wahangan loba hurang
> hurang gede matak bungah
> na sawangan bet hariwang
> hariwang ku loba salah
>
> jero leuweung loba oa
> oa hideung tinggulantung
> jero hate keueung rosa
> keueung sieun goreng tungtung
>
> lega laut loba lauk
> lauk gede lauk leutik
> tega kula tunjak tunjuk
> nunjuk goreng nuduh licik
>
> jangkung gunung luhur jujul
> mayakpak babakan handapna
> langkung saur osok rahul
> ngagonjak sok sahayangna
>
> tah didinya nya sarakan
> nya kadinya nu di seja
> tah ayeuna kasempetan
> nya kudu menta hampura
>
> Wilujeng Idul Fitri, hampura sagala dosa kuring nya.
> Nuhun ....
>
> --
> R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet
> Krypton
>
>  
>



-- 
Aldo Desatura ® & ©
================
Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata

Kirim email ke