Sampurasun ...
 
Jalma kumelendang dialam dunya ...
bilih aya anu kasiku, katincak, kajengut, kasepak, sumawona kababuk ku cariosan 
atanapi ku tulisan sim kuring, tiluhur sausap rambut, tihandap dampal sampeyan, 
tisisi tigigir sagiling gisik.
Tungkul tempat kaluluputan ...
Tanggah tempat kaleuleupatan ....
Ku kituna simkuring ....
Neda agung cukup lumur Jembar hampurana anu diteda ....
Tiluhur sa usap rambut ....
Tihandap sa usap dampal ...
MINAL AIDIN WAL FA'IDZIN ....
Hapunten lahir tumeukaning batin ....
Mugi urang sadaya uih deui ka fitrah ...
 
Abdi nu bangor tea ...Fariman sakulawargi 



















































































Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Abbas" <abas_ami...@yahoo.com>
Sender: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Thu, 09 Sep 2010 08:24:31 
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Reply-To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Sholat Lohor

teu bisa jadi teu bisa kitu ! eta mah jijieunan dan susuganan.
Hehehehehe, aeh lebaran hapunten mh . Minal aidi wal faizin.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, mh <khs...@...> wrote:
>
> urang cobaan make jurus meureun jeung sugan:
> 
> jigana "lohor" asalna tina "luhur" nu nuduhkeun waktu sholat lohor, panon
> poe pas "luhureun" sirah urang
> 
> 2010/9/8 <a_dimya...@...>
> 
> >
> >
> > Panginten, dikinten-kinten sigana karuhun urang "nyadelkeun" zhuhur kana
> > lohor ngarah cocok keur negeskeun perluna solat lima waktu. Ku disebatna
> > lohor, islam jadi tiasa dianggap singkatan tina isa, subuh, lohor, asar
> > jeung magrib. Sanajan teu merenah kana konsep islam nu sagemblengna nya
> > lumayan keur alat da'wah saheulaanan.
> >
> > AD
> >
> > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung
> > Teruuusss...!
> > ------------------------------
> > *From: * junaedi mahlani <junaedi_mahl...@...>
> > *Sender: * urangsunda@yahoogroups.com
> > *Date: *Tue, 7 Sep 2010 13:48:00 +0800 (SGT)
> > *To: *<urangsunda@yahoogroups.com>
> > *ReplyTo: * urangsunda@yahoogroups.com
> > *Subject: *[Urang Sunda] Sholat Lohor
> >
> >
> >
> > cing ah mohon pencerahan
> >
> > sugan aya anu uninga, naha Sholat Dzuhur ku urang sunda mah sok disebat
> > Sholat Lohor,
> > da ari nu sanes na mah siga Subuh, Isa, Asar jeung Magrib angger we make
> > kecap eta.
> > atawa aya sebatan nu sanes tapi sikuring can apal.
> >
> > tos saminggu ieu turas taros nanging masih poekeun keneh
> >
> > nuhun ah
> >
> >
> >
> > 
> >
>



Kirim email ke