Halo akang2 & neng2 or wong2 & nong2
Tah di handap aya carita ti batur sayah, lucu pisan. Ngan hanyakal pake bahasa
sunda, tapi teu nanaon sambil diajar susundaan nya. Betewe? kalo banten teh
bahasa kebangsaannya apa yah, sunda, jawa serang or betawi tangerang? mohon
pencerahan. Mangga silahkan disimak carita dihandap.....
*_Kado_*_
_Kabogoh si Jay ulang taun. Bingung si Jay teh, da
kakara bobogohan bari jeung teu apal rek mere hadiah
naon. Sanggeus tunya-tanya ka babaturanana, Si Jay
ahirna mangmeulikeun Topi buleud keur si Neng.
Ngahaja meulina oge di Mol, beh model jeung warna-na
bisa milih sakarep.
Sanggeus pulah pilih, buru-buru si Jay ka kasir. Ku
sabab keur rame tea, si Kasir nu biasa mungkusan
barang-barang balanjaan teh rada riweuh, antukna topi
nu dibeuli ku si Jay patukeur jeung Calana Jero nu
dibeuli ku ibu-ibu nu ngantri disabeulahna.
Kusabab teu sabar hayang buru-buru mikeun hadiahna, si
Jay teu mariksa deui eusi bungkusanana. Kotret nyieun
surat , tuluy diabuskeun kana bungkusan eta.
Kieu eusi suratna
teh :
Neng...
ngahaja akang mangmeserkeun ieu hadiah keur Neng,
kusabab akang ge apal, Neng tara nganggo ieu mun
angkat-angkatan.
Ngahaja milih nu warna beureum, kusabab akang kungsi
ningali neng nganggo nu warna hejo.
Akang yakin ukuranana pasti pas, sabab samemeh
dipeser, ku akang dicobian heula. ukuran urang pan
sami.
Hoyongna mah neng, akang nu mang-nganggo- keun ieu ka
Neng teh .
Mun Neng resep kana hadiah ti akang ieu, Dinten saptu
engke dianggo nya... :)
salam sono.
NB :
Oh enya Neng, model nu keur usum, ningali dina majalah
sareng pilem mah, nganggo-na rada diturunkeun, bari
rambutna katingali sakedik
____________________________________________________________________________________Ready
for the edge of your seat?
Check out tonight's top picks on Yahoo! TV.
http://tv.yahoo.com/